Kang Déni di rohangan kulawarga hareupeun kamar saréna, eukeur
ngalayanan nu nelepon kana telepon selulérna. Teu nyahoeun di jero kamar
saréna anu pantona muka téh aya pamajikanana, Ceu Kékém, eukeur nilepan
papakéan anu anyar dijaitan.
“Ah, pokona mah Aa mah, bogoh baé!
Bogoh nya bogoh, badé dikumahakeun? Cindekna cinta wéh lah ka Nénéng
téh! Badé Nénéng ganjlung yuswa langkung ngora ti Aa, badé yuswa Nénéng
saluhureun Aa pisan, badé pangagaduhna, badé pendidikanana, badé sareng
sajabina baé lah, hé hé hé .... Aa tetep cindek bogohna, cindek cinta Aa
ka Nénéng! Hanya Nénéng seorang lah pokonya mah walaupun bagaimanapun
keadaan Nénéng sedang sakit atau tidak sekalipun! Muah! Muah! Muah!”
pokna.
Ari Ceu Kékém, dihenteu-henteu ogé ngadéngékeun caritaan
salakina kitu pisan. Pok nanya, ti dituna mah jeujeuhan, “Ih, ari Aa
nyarios sareng saha sareng ka saha deuih éta téh?”
Heu, Kang Déni
téa atuh bungaok wanoja abégé kelas tinggi “musang berbulu domba”,
pinter baé apanan alesanana téh, “Hé hé ... ih, ari Mamah, Aa nuju maos
ieu status dongéng, facebook Mang Miskar Kariti, seueur pikaseurieunana,
seueur pikasebeleunana, seueur nyindiranana deuih!” jawabna.
Ari
budak awéwé anu nelepon ka Kang Déni, abégé anu bisa dibeuli taeunna
saharita kurutak asal puguh jangjian pitempateunana ..., nyikikik, “Hi
hi hi! Ih, pinter pisan alesan ka Si Étéhna! Kumaha engké abdi upami
cios janten garwa Aa? Ih, makan hati!” pokna.
“Oh, tidak atuh! Biasa, Si Kaka sayang sama Aa. Pokonya Aa tidak akan menyakiti, tidak akan ada perakalan, tentu bakal tetap setia, dong!” jawabna.
Ceu Kékém nu taya kacurigaan pisan ka nu jadi salakina, pok nanya deui,
“Naha asa kirang nyambung A, dialoh dongéng status Mang Miskar Kariti
téh?”
“Ah, dasarna Mang Miskar Kariti baé panginten, barang damel status
dongéngna téh, osok dibalégod-balégodkeun, judul sareng matérina téh
arang nyambung, arang sinkron, sakapeung mah osok hésé pisan
dihartikeunana!” jawabna salsé jeung tiis. Ceu Kékém salsé jeung tiis
deuih. Samalah muji sukur ka Nu Mahaagung, dipaparin salaki atawa imam
laki-rabina alus kabina-bina. Acan perenah ngareungeu béja atawa katempo
ku panonna sorangan Kang Déni salingkuh atawa ngaguyer jeung awéwé
séjén nu teu puguh kahalalanana, sanajan Kang Déni kaasup golongan
lalaki kasép, ceuk Ceu Kékém. 💗
Tina status facebook Miskar Kariti.