Nginum Pél Datang Bulan
Mang Mahdi meureunan tas nganjuk kopi jeung ududeun ti warungna Mamah Léa. Ditaranya ku barudak lalaki anyar gedé jeung nu rada umuran, anu arék arindit nguseup ka talaga Bendungan Jatigedé.
“Mulih ti warung, Mang?” ceuk barudak, méh bareng.
“Iiihh, keliatanyé! Émangnyé dari mané? Képo banget, ih!” jawab Mang Mahdi, sora jeung pok-pokanana kawas awéwé. Leumpangna deuih, bujurna maké diungkal-angkil bari jeung digubay-géboykeun sagala. Barudak aranéheun. Teu ti biasana teu ti sasarina. Naha Mang Mahdi téh ngahaja ngabojég atawa kumaha? Geuning, nya? Pan, tara kitu!

Mang Mahdi téh salah saurang tomas pamuda pangdihalargaanana ku balaréa di lemburna. Kolot, budak, awéwe, lalaki, alajrih ka manéhna. Samalah manéhna pisan anu panggalakna curak-carék ka sakabéh. Sing eucreug, ulah migawé teu uni, urang téh jelema aya tetekonna, urang téh jelema ngagem agama! Ogé manéhna paling sangeukeun lamun neuleu barudak lalaki atawa lalaki déwasa anu paripolahna kawas awéwé pisan. Kari-kari, ayeuna, manéha anu samodél kitu! Boa-boa, aya naon ku hanteu, yeuh? Kudu ditulungan! Barudak tinggerendeng.
Enyaan. Dina kaayaan nyalsé. Saurang budak lalaki rada umuran datang ka imahna Mang Mahdi, mun nyusul kana rundayanana anu kolot dapur téh, kapiincuna pisan Mang Mahdi. Manéhna nanyakeun alatanana, pangna, Mang Mahdi jadi kawas kitu.
Simanahoréng. Waktu Mang Mahdi rarieut, pas teu boga duit sapésér ményon acan jangeun meuli obat rarieut, jig ka tatanggana, Bi Adé. Susuganan Bi Adé boga sisimpenan obat rarieut sasiki mah, engké digantian atawa dipénta pisan.

Ceuk Mang Mahdi, Bi Adé langsung nyokot tina kotak obatna pisan, anu naklok dina dingding tembok imahna, mikeun obat rarieutna. Ngan, pél téh geus buligir, teu dibungkus sakumaha bungkus obat umumna ti dituna. Sodakoh karana Alloh, ceuk Bi Adé téh. Nginum obatna ogé, ceuk Mang Mahdi, di imahna Bi Adé pisan.
Untungna baé, ceunah ceuk Bi Adé, éta obat téh dosisna matak téréh cageur. Éta waé Bi Adé ti nyikikik, nepi ka akey-akeyan téh bari ngabayangkeun paripolah Mang Mahdi jadi kawas kitu. Bi Adé ngaku, nyokot pél tina kotak obatna téh teu ditingali heula obat naon-naonna, langsung dibikeun waé ka Mang Mahdi. Kitu deui Mang Mahdi, ku percaya téa, obat anu mangrupa pél téh teu dititénan heula obat naon-naonna, langsung waé di inum. Caina ogé apanan ti Bi Adé kénéh.

Jadi pél anu dibikeun ku Bi Adé, diinum ku Mang Mahdi téh obat ngalancarkeun datang bulan? “Paingan, aki harita, ku kabina-bina kagodana hayang ngangkil-ngangkilkeun jeung ngagubay-géboykeun bujur dina mangsa leumpang! Untungna sakeudeung, duh! Alhamdulillah!”
“Tos kadaluarsa panginten, Ki, obat datang bulanna!”
“Heu-euh meureun!” Mang Mahdi jeung kapiincuna, tingarakey, saleuseurian. 💋 💑👪
Tags:
Huhuy
0 comments