Kudu Blak-blakan



Tina nu kaalaman, taun sabaraha, poho, pokona saméméh loma jeung “dumay”. Mangsa kuring kasebut “duda haneut”, naksir hiji awéwé, nyarita enya-enya ka indung-bapana miharep anakna, Si Manéhna téa. Kolotna ngajawab, Si Nyai arék dituluykeun sakola, arék sakola heula moal wara nikah atawa ditikahkeun. Kuring teu ngarep-ngarep. Ceuk haté, “lain jodo”, meureun. Ganti bulan, dina taun harita kénéh pisan, Si Manéhna nikah jeung nu lian. Matak nyeri haté mun digegedékeun. Kaubaran ku caritaan kolot, jodo, pati, bagja, cilaka, aya anu ngatur, nya Nu Maha Ngatur, Alloh SWT.

Pikeun kuring teu hanjakal. Ngan, manghanjakalkeun ka maranéhna. Jalma nyangking ageman (agama), wet mikaresep bohong. Naha teu blak-blakan? Sanajan ngadéngéna ngajelegér lir sora gelap nu matak ngagebeg reuwas tepikeun ka luncat tina pangdiukan, insyaalloh pikeun kuring moal arék nanaon. Kuring kudu bener-bener “jantan” jeung diajar narima, narimakeun bagja diri. Moal tepikeun ka nyegat lalakina kalawan dipergasa ditandasa. Ogé lamun enya téa mah kuring ngarep-ngarep, ngadagoan anak manéhna tamat sakolana atawa tamat kuliahna, lamun terus terang kayaanana mah meureun moal tepikeun ka ngadon cinutrung ngalelengkur, moal tepikeun ka ngadon cingogo nagog ngadago-dago.

Akibat kawas kajadian nu karandapan, supaya dosa urang teu nambahan atawa teu kasebut ku tukang guguyon “doraka nungtut”, Si Awéwé atawa kolotna pisan kudu nerangkeun terus terang ka anu miharepna, ka nu miharep anakna. Punten baé Otong, Encép, Si Nyai téh, Si Enéng téh, atawa naon baé lah sesebutan di kulawargana ka anakna atawa ka dirina, tos gaduh calon atawa tos aya calonna. Ulah tepikeun ka aya dingding keliran, akon-akon, alesan, “perakalaan” téa. Arék sakola heula lah, badé diteraskeun sakola lah, badé kuliah heula lah, badé damel heula lah, jeung sajabana. Ku kitu meureun dosa bakal nambahan, jeung meureun deui “doraka nungtut” téa saeutikna aya jeung meureun bakal karandapan ku dirina. Terangkeun baé blak-blakan ulah aya anu disumput-sumput, ulah aya anu didingding kelir. Sok komo maké basa siloka. Tong ngagunakeun basa siloka, béjér béaskeun baé sajalantrahna, da réa kénéh jalma anu kurang nyaho, anu kurang ngarti, anu kurang bisa mesék jeung ngalarapkeunana basa siloka. Blak-blakan baé sajalantrahna téa, anak kuring téh, Si Nyai téh, abdi téh, kuring téh geus boga calon salaki, anak kuring téh geus boga pisalakieun, hampura Ema/Bapa geus aya pisalakieunana Si Nyai téh, Cép, upamana.

Hampura nyieun status rupa kieu, susuganan saréréa ngalakonan kahirupan dina “kedamaian”, jeung “meminimalkan” pacogrégan urang jeung urang. Panuhun “jangan menanam kebencian” ka sing saha baé, sanajan ka anak, ka pamajikan, ka mitoha, ka kolot sorangan ogé.

Tina status facebook Miskar Kariti.

Ngédarkeun:

0 comments