FAQ
Naon baé eusina atawa naon baé nu aya dina bilah menu blog balagudeg?
Ieu menu-menu samentawis anu katingali ku sadayana, danget ayeuna, diantawisna:
- Tepas: Sakumaha umumnya Beranda dina bahasa Indonesia. Mun ngaklik ieu sakabéh judul atawa tulisan eusi blog balagudeg maridang di dieu. Ogé mangrupakeun cara balik deui néang udagan tulisan, naon baé tulisanana.
- Toloktok: Teu dijieun labél/tags Toloktok, lamun ngahaja diklik ogé moal ngakibatkeun nanaon. Ngabogaan submenu:
- Iber: Labél/tags Iber. Lamun diklik Iber sakabéh judul eusi tulisan warta labél/tags Iber bakal maridang. Eusina sakumaha eusi rohangan Warta dina koran atawa majalah.
- Pepeletékan: Labél/tags Pepeletékan. Lamun diklik Pepeletékan sakabéh judul eusi tulisan nu maké/ngagunakeun labél/tags Pepeletékan bakal maridang, eusina mirip jeung sakumaha rohangan Artikel dina koran atawa majalah.
- Hiburan: Teu dijieun labél/tags Hiburan, tapi rupaning tulisan anu susuganan ngahibur atawa anu dijadikeun panglipur lara ditulis di dieu. Gedé harepan ayeuna boh ka hareupna mudah-mudahan sakumaha rohangan Hiburan dina koran atawa majalah. Ngabogaan submenu:
- Jalan-jalan: Labél/tags Jalan-jalan. Lamun diklik Jalan-jalan sakabéh judul eusi tulisan nu ditulis maké labél/tags Jalan-jalan, maridang, rada mirip jeung sakumaha rohangan Wisata lianna atawa ngeunaan tulisan iinditan ka mana waé lianna dina koran atawa majalah.
- Carita Nyata: Labél/tags Carita Nyata. Lamun diklik Carita Nyata sakabéh judul eusi carita nu ditulis maké labél/tags Carita Nyata, maridang. Rohangan nu nyaritakeun kajadian nyata kaalaman ku dirina atawa carita nu eunggeus atawa eukeur, bisa waé ngagégérkeun, ngabalaréa.
- Carpon: Labél/tags Carpon. Lamun diklik Carpon sakabéh judul eusi tulisan anu ditulis maké labél/tags Carpon, maridang. Ieu rohangan Carita Pondok mirip jeung sakumaha rohangan Carita Pondok lianna dina koran atawa majalah.
- Carnyam: Labél/tags Carnyam. Lamun diklik Carnyam sakabéh judul eusi tulisan karangan anu ditulis ngagunakeun/maké labél/tags Carnyam, maridang. Ieu rohangan Carita Nyambung, teu tamat lalakonna atawa caritana saharita dibaca, nu satiap carita anggeus dibaca bakal nyambung kana carita nu bakal datang. Satiap judul carita ti midangkeun carita anu kadua ditambahan ku tulisan tanda pangbébéja, bagéan kadua, katilu, jsté, atawa béda ti dinya. Mirip jeung sakumaha rohangan Carita Nyambung dina koran atawa majalah.
- Dongéng: Labél/tags Dongéng. Lamun diklik Dongéng sakabéh judul eusi tulisan atawa karangan anu ditulis maké labél/tags Dongéng, maridang. Ieu rohangan Dongéng dieusian ku carita dongéng anu araranggeus saharitaeun dibacana, jeung anu teu araranggeus saharitaeun dibacana anu bakal nyarambung, anu bakal dibéjaan ku pangarangna, panulisna. Rohangan Dongéng ieu rada mirip jeung sakumaha rohangan Dongéng dina koran atawa majalah.
- Puisi: Labél/tags Puisi. Rohangan atawa enggonna sakabéh puisi anu dijieun ku balagudeg di dieu ayana. Ieu dijieun labél/tags Puisi, lamun diklik Puisi sakabéh puisi tina rohangan Puisi ieu bakal maridang.
- Huhuy: Labél/tags Huhuy. Lamun diklik Huhuy sakabéh judul eusi carita lucu atawa mudah-mudahan pikaseurieun nu ditulis maké/ngagunakeun labél/tags Huhuy, maridang. Ieu rohangan Huhuy téh eusina carita guguyon, sempal guyon balaréa, pisan panglipur lara, ogé lian ti dinya tulisan dina ieu rohangan Huhuy aya basa atawa kekecapan dina caritana anu ngahaja disampirkeun disumputkeun ku nu ngarangna, ku nu nulisna, nu susuganan henteu bari jeung budag-badug kana SARA (Suku, Agama, Ras jeung Antar golongan) jeung anu lianna nu matak ngabarubahkeun kana tatanan kahirupan sakumaha mistina. Meureun rada ngaharib kana rohangan tulisan pikaseurieun lianna sakumaha dina koran atawa majalah.
- Dapur: Teu dijieun labél/tags Dapur, sanajan ngahaja diklik ogé moal ngakibatkeun nanaon, tulisan bakal angger tumetep di sakumaha nu eukeur dibaca ayeuna. Rohangan Dapur eusina husus nyaritakeun kadaharan jeung inuman katut tips-tips barangpiara bahan dahareun, inumeun, sangkan dijieunna atawa diasakanana, ngeunah, hipu, teu hanyir, teu kesed ngeunah diinumna, jeung sajabana. Dapur ngabogaan sub menu:
- Resép Asakan: Labél/tags Resép Asakan. Lamun diklik Resép Asakan, sakabéh judul eusi tulisan anu ditulis ngagunakeun atawa maké labél/tags Resép Asakan, maridang. Ieu rohangan Resép Asakan husus ngeunaan resép-resép asakan halal umumna.
- Resép Inuman: Labél/tags Resép Inuman. Lamun diklik Resép Inuman, sakabéh judul eusi tulisan anu ditulis ngagunakeun atawa maké labél/tags Resép Inuman, maridang. Ieu rohangan Resép Inuman eusina ngeunaan resép-resép nyieun inuman halal umumna.
- Tips Dapur: Labél/tags Tips Dapur. Lamun diklik Tips Dapur, sakabéh judul eusi tulisan nu ditulis ngagunakeun atawa maké labél/tags Tips Dapur, maridang. Ieu rohangan Tips Dapur, ngaguar, nyatur husus ngeunaan tips-tips bahan kadaharan atawa inuman sangkan dijieunna, hasilna, gampang, hipuna, henteu hanyir, sangkan karasa ngeunahna, jeung saterusna ti éta. Sakabéh judul eusi tulisan dina label/tags Tips Dapur, pikeun asakan, inuman halal umumna.
- Babasan Paribasa: Labél/tags Babasan Paribasa. Lamun diklik Babasan Paribasa, sakabéh judul eusi tulisan nu ditulis maké labél/tags Babasan Paribasa, maridang. Ieu rohangan Babasan Paribasa eusina husus harti babasaan jeung paribasa dina basa Sunda, tutur catur karuhun Sunda, ogé mun aya téa mah babasaan jeung paribasa dina basa séjén anu ngahaja ku karuhun urang atawa ku para ahli basa Sunda disundakeun.
- FAQ: Rohangan nerangkeun kaayaanana atawa jawabanana bisi aya katumarosan naon baé eusina menu-menu, bagéan-bagéan tina balagudeg. Sakumaha anu nuju diaos ayeuna.
- Ngeunaan Balagudeg: Nerangkeun lalakon muasalna ngawujudkeun blog basa Sunda balagudeg ieu, alamat tempat dijieunna atawa tempat ngarapungkeunana tulisan-tulisanana, karangan-karanganana blog balagudeg, alamat e-mail, kontak telepon selulér, nganuhunkeun jeung panuhun ka sadayana pamaos.
- Klim: Sakumaha rohangan Klaim dina basa séjén. Pangakuan muasalna atawa larangan pikeun jalma anu gagabah kénéh migawé hiji pagawéan, beunang ngajiplak tina pagawéanana batur. Nurun atawa ngajiplak pagawéan batur teu meunang nepi ka ngawujud pagawéanana, ari teu nulis nyebutkeun muasalna ti mana ti mendina cukang lantaran bahan tulisanana nepi ka ngawujudna pagawéanana. Anu ahirna katohian pagawéanana lain aseli hasil pagawéan manéhanana nu enggeus diaku, ieu téh aseli beunang manéhna. Upama cara kitu dilampahkeun, bakal ditarik pertanggungjawabanana sakumaha hukum jeung perundang-undangan anu berlaku danget ayeuna.
Samentawis kitu eusina menu-menu balagudeg dina bilah luhur. - Maksud eusi dina bilah katuhu ti pamaos:
- Minangka Pangténarna:
Eusi sakabéh judul tulisan atawa karangan anu pangseringna di baca ku pamaos blog basa Sunda balagudeg ieu. Pangténarna ngandung sapuluh judul karangan atawa tulisan anu minangka pangtenarna di blog basa Sunda balagudeg.
Catetan:
Kanggo pamaos anu alim kaganggu nu nuju diaosna dina laman ayeuna, seratan anu nuju diaosna, tiasa ngaklik gambarna dina Pangténarna nu ngandung 10 judul seratan éta. Engké tayangna seratan bakal dina tab anyar browser-na. Saupamina palay angger tayangna di dinya waé, dina laman anu ayeuna, dina seratan anu nuju diaosna, saé ngaklik aksara judulna waé. - Padaringan:
Padaringan ieu minangka goahna blog ba Sunda balagudeg ieu. Di dieu arampihna atawa caricingna sakabéh judul eusi tulisan blog basa Sunda balagudeg ti satiap wulan ka taunna. - Tarjamahkeun:
Maksudna bisi téa mah arék ditarjamahkeun kana rupaning basa nu aya di dunya, atawa sakumaha kamampuhan basa nu ngalayananana. Kitu ogé lamun basa Sunda ieu geus dikenal diteundeun dijadikeun salah sahiji basa mesinna pikeun balaréa sakuliah dunya. - Haratis Via E-Mail:
Harepan gedé tim blog basa Sunda ka para pamaos ngalanggan tulisan anu ngajadi eusi blog basa Sunda balagudeg ieu, haratis. Ngalangkungan e-mail atanapi surat éléktronik (surél). Kanggo para pamaos anu kabina-bina sibukna teu kasiwer ku barang damel, upami kedah ngadeugdeug nyumpingan blog basa Sunda balagudeg ieu, nya tiasa ngalangkungan e-mail atanapi surél bari maos serat atanapi anu sanésna ti dinya.
Saupamina aya parobihan moal dibéwarakeun dina rohangan sanés langkung ti payun, nanging bakal dina rohangan FAQ ieu. Insyaalloh.
Hatur nuhun sanés kantenna.
- Minangka Pangténarna: