Pédah Biwir Beureum
Sakolébat, hayang ngadagoran baé ka saurang-saurangna jelema anu ngaharina, ngagareuhgeuykeun kuring jeung ka jelema-jelema anu nyarebut banci.
Nganuhunkeun ka Nu Nyiptakeun Kaéndahan. Mamanawian teu kalebet agul. Biwir kuring diciptakeun beureum ku Nu Nyiptakeun. Bagja. Da, kaum awéwé mah harayangeun miboga biwir beureum bawa ti kudrat téh. Remen diparuji bari ditarungtungan, “Mani hayang, ih, biwir beureum ti dituna!”
Paingan ceuk kolot. Lamun meunang pamuji, tong hélok, bakal meunang panghina. Enya baé. Panghinaanana téh, disarebut banci ku nu saluhureun jeung panggeuhgeuyan babaturan, ti anu sajinis. Lalaki sarua jeung kuring. Lamun tas barangdahar anu lalada, beureumna biwir katembong pisan. Disarebut, “Siga maung tas ngahakan domba!”, ogé, “Kawas banci baé sia mah, maké lipstik!”
Ka béh dieuna, mangsa kuring layak nikah, kaalaman deui jadi panggeuhgeuyan. Waktu kuring “mudik”, arék jumaahan, digareuhgeuykeun barudak lalaki anu teu warawuh. Indit ka masjid jami téh leumpang, rumasa teu boga tutumpakan. Deukeut jalan ngolécér paamprok jeung barudak lalaki anu barijil ti gang. Ngan maranéhna henteu saringkil jiga kuring arék jumaahan. Teu euleum-euleum ngagareuhgeuykeunana nepi ka tingarakey, ngarehkey saleuseurian kawas anu eukeur papanggih jeung nikmat seuri. Ngarasa lucu meureun, ningali kuring arék indit jumaahan biwir kuring beureum. Maranéhna saleuseurianana téh bari ngaromong, bari tutunjuk. Narunjuk biwir kuring. Anu ceuk maranéhna beureumna biwir kuring téh maké lipstik.
Sakolébat, hayang ngadagoran baé ka saurang-saurangna jelema anu ngaharina, ngagareuhgeuykeun kuring jeung ka jelema-jelema anu nyarebut banci. Ogé ka sababaraha urang mangkeluk barudak lalaki kawas ayeuna.
Kaambek kalempéskeun ku gerentesna haté, apanan ngaranna ogé diajar takwa, diajar iklas. Jeung deui ngaranna ogé apanan jelema atawa barudak pisan, meureunan maranéhna acan tepi ngabédakeun tina tetempoanana ka nu kumaha biwir beureum aseli ti dituna bawa ti kudrat, nu kumaha biwir beureum palsu ku pulas. Ongkoh apanan kuring téh arék diajar takwa, diajar iklas, arék diajar solat jumaahan. Teu kudu, kaambek téh ngajadi siga kitu.❤

Tags:
Carita Nyata
0 comments