Eukeur Bisul Dina Kélék

Ku: Miskar Kariti

 +: “Yeuh, terus terang, Aki mah paling keuheul ka jelema polontong atawa anu ngahaja popolontong téh, hayang mabuk baé tah, ku popongkol! Bisi sararéa harayang nyaho, Aki ogé ngora heula! Aki ogé ngabaragajul heula, teu eucreug heula, kawas ilalaing ayeuna! Hanteu hol tawa jol jadi aki-aki baé! Yeuh! Sanajan Aki teu sakola, sanajan Aki baheula tingkah laku kawas kitu ogé, Aki tetep nyaho tata krama! Ngan rumasa hésé pisan mun diterapkeunana ka omongan atawa kana tulisan. Pikeun Aki hésé ngucapkeunana, hésé nuliskeunana kekecapanana! Nya, hiji-hijina jalan, rengkuh nu ditempuh, dibarengan ku saeutik seuri!”

-: “Ké, punten pisan, Ki! Bilih baé aya salah sawiosna di dieu atanapi saha baé jalmina anu dipimaksad ku Aki? Bilih kalebet asuhan abdi, boh bilih deui kalebet asuhanana réréncangan abdi, insyaalloh ku abdi dididik sareng didugikeun ka réréncangan abdi anu ngasuhna, Ki!”

+: “Tah Si ..., ké! Saha geuning incuna Bah Diding nu imahna palebah péngkolan nu jalanna nanjak saeutik téh? Laahhh ..., deukeut tangkal buah téa geuning imahna téh? Tah, éta budak téh, leumpangna, leungeunna éstuning mébér baé jiga ngahaja disérékébéngbéngkeun! Jiga ngahaja ngajago ka Aki! Mani hayang ngawejek, tah, ka éta budak, popolontong pisan! Hehhh!”

-: “Oh ... éta mah Dadi, Ki, putrana Pa Guru Rusdi! Ari Dadi mah murangkalih saé, jalmi saé! Saémut abdi henteu sapertos anu dicarioskeun ku Aki nembé! Leres pisan mapahna, pananganana téh sok semu dibébérkeun, anjeunna sanés kagungan maksad jejegeran atanapi popolontong, Ki. Anjeunna téh tos badé saminggon kuyar-kiyir lalandong jalan, alatan kadua kélékna bisul, Ki!”

+: “Kutan? Boro, cékéng, rék diképrét sakali mah, tuman popolontong ka kolot! Eh, enya .... Mun kitu mah atuh, Aki, pangbéjakeun baé ka manéhna meungpeung Lebaran kénéh, hampura Aki, kituh, geus nyangka goréng ka manéhna!”

("Naaa ..., matak ogé, Ki, Ki, Ki ...!")

Tina Status Facebook Miskar Kariti

Tags:

Ngédarkeun:

0 comments