Anjrit!


Hayang kanu geulis, ngan nyakitu deuih abong nu geulis, diraronom baé jalu. Arék ka nu siga kuring goréng patut, sieun engkéna deuih, panon kuring rurat-rérét ka nu geulis. Rumasa can bisa maké kacamata. Apanan pamajikan geulis lahirna geulis batinna téh ngajadi ubar panon, ubar batin, “rumah tangga” nu lain sakatigaeun.

Tungtungna peledug baé ngaduruk menyan dina parukuyan gigireun sasajén, hareupeun tutunggul Wali Campegoh deukeut batu gedé dina lalamping pasir, cenah ieu makam Wali Campegoh téh dikaramatkeun. “Duh, Éyang tulungan putu! Putu téh hoyong rimbitan!” rekés tambahan manéhna lian ti kuncénna.


Na, ari tamat ngong rekésna, Si Éyang Wali Campegoh langsung ngajawab, “Bisi hidep teu nyaho, Éyang gé can ngalaman boga pamajikan!"


“Anjrit! Kutan?” nu rekés kagét nepi ka ngabadug kuncén, bis baé tijengkang.

Tina status facebook Miskar Kariti

Tags:

Ngédarkeun:

0 comments