“Ku naon pangna simkuring ancrub ka dunya seni peran? Panjang lalakonna mun didongéngkeun mah," ceuk Épy Kusnandar, basa nyanghareupan peserta “Pelatihan Seni Peran", di SMP Lab.School Universitas Pendidikan lndonésia (UPI) Cibiru, Bandung, Minggu, 18 Novémber 2018 kaliwat.
Éta kagiatan minangka runtuyan “Menuju Puncak Féstival Film Bandung 2018“ téh diayakeun ku Forum Film Bandung (FFB) gawé bareng jeung Ruang Pekerja Film. Diiluan henteu kurang ku 40 urang, éta “Pelatihan Seni Peran" téh ngabaud para peserta ti Ruang Pekerja Film, Kampung Film Black Team, Téater Waliwis, jeung murid-murid SMP Lab.School Upl Cibiru, Bandung.
Bubuhan pituin Garut, dina méré matéri ka peserta, ieu aktor anu sohor ogé ku ngaran Kang Mus (pamingpin préman Kota Bandung dina sinétron Préman Pensiun) téh loba pisan maké basa Sunda. Komo waktu ngadadarkeun lalakon mimiti ancrub ka dunya peran mah éstu ku basa Sunda, bari nugel pisan kana rasa.
“Bapa-bapa, Ibu-ibu, para Sadérék, ogé Adi-adi, saur saha ancrubna simkuring ka dunya éntertainment téh gampil? Henteu! Aya prosés di mana simkuring ngalaman rasa bingbang. Enya, kungsi ngalaman langlang-lingling, ngarasa teu puguh ka mana nya tujuan hirup,“ ceuk Épy, bari panonna carindakdak, nyawang ka mangsa ka tukang, jaman ngalaman pait-peuheurna kahirupan. Atuh peserta latihan seni peran gé, kabéh bangun nu kasirep, panasaraneun hayang nyaho lalakon satuluyna tepi ka Épy bisa kaluar tina jaman sulit.
Satamatna ti SMA di Garut, taun 1983, Épy asup ka Sospol Unpad. Ngan cénah, salila kuliah di dinya henteu junun, lantaran anteng teuing dina rupa-rupa kagiatan kampus, ahirna palajaran utama mah cul wé.
"Nya ahirna mah DO (dropout) wé ti Sospol Unpad téh, da kalah hayoh ngagugulung kagiatan di kampus téa, bari resep ulin mapay tempat-tempat di Kota Bandung, ngadon breakdance jeung ngumbar karesep nu séjénna. Salila genep taun, simkuring jadi langlang-lingling, jadi pangangguran di Bandung, bari indung mah di lembur angger wé nganggap simkuring masih kénéh kuliah di Unpad.” ceuk ieu Pemeran Pendukung Pria FTV Terbaik 2012 (dina film télévisi Maaf, Lebaran Ini Kami Tidak Pulang) jeung Pemeran Utama Pria FTV Terbaik 2014 (Miskin Susah Kaya Susah) téh.
Épy Kusnandar, anu ti SMA kénéh geus aktif di dunya téater téh, ahirna ngumbara ka Jakarta.
“Harita, taun 1989, nya miang wé ka Jakarta, bari mawa bebekelan pakéan ngan sarangsel, katambahan buku wé hiji. Buku anu tug tepi ka ayeuna masih kénéh sok dibaca tur jadi motivasi ancrubna simkuring ka dunya seni peran. Éta buku téh judulna Persiapan Seorang Aktor karya Stanilavsky. Tah, ku modal buku éta, jeung tékad hayang jadi aktor, simkuring tuluy daftar ka Jurusan Téater Institut Kesenian Jakarta (IKJ),” ceuk ieu aktor anu gumelar di Garut, 1 Méi 1964 téh.
Geus ti baréto mula cénah, tékad jeung cita-citana hayang jadi aktor téh, utamana ti mangsa Épy keur aktif-aktifna di sangar téater. Komo cénah harita mah di TVRI aya program “Bina Drama" anu diasuh ku Tatiek Malyati jeung carogéna, Wahyu Sihombing (alm). Éta program, dina taun 1980-1985-an mah kungsi jadi fénoménal di kalangan téater jeung film, lantaran ngajarkeun akting sacara praktis, henteu téoritis. Harita, para “peraga akting" (modél) dina éta program, kabéhna mahasiswa IKJ - anak didik Tatiek Malyati jeung Wahyu Sihombing - anu tuluyna jaradi aktor sohor. Sebut baé, di antarana, Didi Pétét (alm), Séna Utoyo (alm), Ééng Saptahadi, Éddy Riwanto, Arthur Tobing, Sigit Hardadi, Mathias Muchus, jeung réa-réa deui.

"Tah kabita ku éta simkuring hayang jadi aktor téh, hayang daftar ka IKJ téh. Hayang kawas Didi Pétét, Mathias Muchus, Séna Utoyo jeung nu sanésna."
Di Jakarta, pikeun sababaraha bulan mah Épy kungsi jadi padagang asongan, keur nambah-nambah biaya kabutuhan hirupna, ogé keur néangan waragad asup ka IKJ. Geus éra cénah mun ménta waé ka kolot, da kapan deuih kolot mah teu apaleun Épy ka Jakarta.
Teu lila sanggeus ngumbara di Jakarta taun 1989 kénéh, Épy tuluy baé daftar ka IKJ. Enya baé geuning, dunya Épy mah aya di dinya. Dina dunya peran anu ngagedékeun dirina tug tepi ka ayeuna.
Ti saprak asup IKJ, Épy mimiti aktif dcui di sawatara sanggar téater, kayaning Pantomim Séna Didi jeung Théater Aristokrat. Malah harita lain saukur aktif di téater waé, tapi ogé mimiti ngaronjatkeun karirna di layar kaca. Ngaranna mimiti dipikawanoh liwat kelompok komédi nu jadi maskot produk roko sigarét. Malah bareng jeung baturna nu opatan (sagrup lawakna), Épy diajakan maén dina sinétron Asyiknya Géng Hijau. Ngan anu ngajaulkeun ngaranna mah, basa mimiti maén dina sinétron Kejar Kusnadi di RCTI. Geus kitu mah, jalan éstu ngabulungbung pikeun Épy. Maén dina sababaraha puluh sinétron jeung film. Peranna nu jadi Kang Mus (dina sinétron Préman Pensiun), mungguh fénoménal tepi ka ayeuna, malah karakter Kang Mus téh baris hirup deui dina Préman Pensiun the Movie anu moal lila deui baris diputer di bioskop.
“Pokona, simkuring mah diajar seni peran téh lain baé ti téater jeung dunya akademi, tapi ogé ti universitas kahirupan, anu geus nyitak simkuring jadi saperti ayeuna.“ ceuk ieu aktor anu dina taun 2014 maén dina dua film Indonésia kelas Internasional (Killers jeung The Raid 2: Berandal) téh.
Nilik kana pangalamanana dina dunya seni peran (akting) anu sakitu leubeutna, wajar pisan lamun Forum Film Bandung (FFB) “nanggap” Épy pikeun jadi narasumber/pematéri dina "Pelatihan Seni Peran“ téa. Dina éta pelatihan, anu dipaké sumber ku Épy téh taya lian ti buku Persiapan Seorang Aktor anu sok dibabawana téa. Éta buku jadi motivasi dirina dina neuleuman dunya seni peran. Muga-muga baé cénah, éta buku gé jadi motivasi jeung inspirasi pikeun sakumna peserta "Pelatihan Seni Peran”.
“Sok, lamun bener-bener hayang jadi aktor, ti mimiti, ti ayeuna niatan jeung tékadan dina diri, yén kuring téh mampuh jadi aktor! Tong poho kudu dibarengun ku du’a, sugan baé ngajodo jadi aktor!" pokna, bari tuluyna mungkas éta latihan.***
Rosyid É. Abby
Ditulis deui sakumaha aslina ku Miskar Kariti tina:
Galura
Wuku Pahang – 4 Maga 1955 Caka Sunda – Édisi IV Nopember 2018
Rohangan Macangkrama kaca 16.

Wrote by Miskar Kariti