Lebaran Ménta Diundur
Ku: Miskar Kariti
+ : “Wuakakak! Samarukna Lebaran arék jadi isukan, kitu?”
- : “Apan cenah Lebaran ayeuna mah bersama Kang, bersama! Bagjaa hahaha ...! Bersama, Kang!”
+ : “Ah, tong gumbira teuing komo bari agul lah! Akang geus usul ka Kementrian Agama, Lebaran téh ménta diundur dua bulanan deui titik!”
- : “Hor, ari Akang, nya teu bagja kitu puasa sabulan campleng papanggih jeung boboran isukan deuih babarengan?”
+ : “Henteu, sama sakali! Pikeun Akang, Lebaran taun ayeuna téh, nyolok mata buncelik! Matak ménta ditangguhkeun saheulaanan, dua bulanan deui mah ka Kementrian Agama, lolongkrang babahanan meuli calana jeung jas pikeun pamér pangaboga Akang!”
- : “Waduh ... alesanana teu matak anéh ka Si Uingna, Kang!”
Minangka disampurnakeun tina status Facebook Miskar Kariti

Tags:
Huhuy
0 comments