Aclog Bangkong


Kang Déni di rohangan kulawarga hareupeun kamar saréna, eukeur ngalayanan nu nelepon kana telepon selulérna. Teu nyahoeun di jero kamar saréna anu pantona muka téh aya pamajikanana, Ceu Kékém, eukeur nilepan papakéan anu anyar dijaitan.
 
“Ah, pokona mah Aa mah, bogoh baé! Bogoh nya bogoh, badé dikumahakeun? Cindekna cinta wéh lah ka Nénéng téh! Badé Nénéng ganjlung yuswa langkung ngora ti Aa, badé yuswa Nénéng saluhureun Aa pisan, badé pangagaduhna, badé pendidikanana, badé sareng sajabina baé lah, hé hé hé .... Aa tetep cindek bogohna, cindek cinta Aa ka Nénéng! Hanya Nénéng seorang lah pokonya mah walaupun bagaimanapun keadaan Nénéng sedang sakit atau tidak sekalipun! Muah! Muah! Muah!” pokna.
 
Ari Ceu Kékém, dihenteu-henteu ogé ngadéngékeun caritaan salakina kitu pisan. Pok nanya, ti dituna mah jeujeuhan, “Ih, ari Aa nyarios sareng saha sareng ka saha deuih éta téh?”
 
Heu, Kang Déni téa atuh bungaok wanoja abégé kelas tinggi “musang berbulu domba”, pinter baé apanan alesanana téh, “Hé hé ... ih, ari Mamah, Aa nuju maos ieu status dongéng, facebook Mang Miskar Kariti, seueur pikaseurieunana, seueur pikasebeleunana, seueur nyindiranana deuih!” jawabna.
 
Ari budak awéwé anu nelepon ka Kang Déni, abégé anu bisa dibeuli taeunna saharita kurutak asal puguh jangjian pitempateunana ..., nyikikik, “Hi hi hi! Ih, pinter pisan alesan ka Si Étéhna! Kumaha engké abdi upami cios janten garwa Aa? Ih, makan hati!” pokna.
 
“Oh, tidak atuh! Biasa, Si Kaka sayang sama Aa. Pokonya Aa tidak akan menyakiti, tidak akan ada perakalan, tentu bakal tetap setia, dong!” jawabna.
 
Ceu Kékém nu taya kacurigaan pisan ka nu jadi salakina, pok nanya deui, “Naha asa kirang nyambung A, dialoh dongéng status Mang Miskar Kariti téh?”
 
“Ah, dasarna Mang Miskar Kariti baé panginten, barang damel status dongéngna téh, osok dibalégod-balégodkeun, judul sareng matérina téh arang nyambung, arang sinkron, sakapeung mah osok hésé pisan dihartikeunana!” jawabna salsé jeung tiis. Ceu Kékém salsé jeung tiis deuih. Samalah muji sukur ka Nu Mahaagung, dipaparin salaki atawa imam laki-rabina alus kabina-bina. Acan perenah ngareungeu béja atawa katempo ku panonna sorangan Kang Déni salingkuh atawa ngaguyer jeung awéwé séjén nu teu puguh kahalalanana, sanajan Kang Déni kaasup golongan lalaki kasép, ceuk Ceu Kékém. 💗

Tina status facebook Miskar Kariti.

Ngédarkeun:

0 comments