“Lalieur laleneng Kang lah nyumponan paménta budak!”
“Har? Atuh wajar, da urang anu jadi kolotna!”
“Enya, kituna mah! Ieu mah kakara mangkukna, can jejeg saminggu acan nyumponan duit tilu juta satengah paménta ti sakolana! Ari tadi geus kurunyung deui sms ti budak, ménta duit sajuta satengah pokna! Kaayaan di lembur, nepi ka mural-mérolkeun barang anu geus aya upamana, pan kudu aya anu meulina jeung deui haregana jadi murah! Beurat karasana Kang nyakolakeun téh! Teuing jangeun biaya naon deui éta budak? Kawas kolot boga tangkalna waé duit kari metikan, mulungan, ngarawuan!”
“Enya! Henteu ditanyakeun jangeun nanaonna ka budak?”
“Enggeus, ngan can aya jawaban! Ceuk kuring heug dicumponan, tapi surat paménta ti sakolana kudu dibuktikeun heula. Kitu ogé lamun enya, duit anu diburu-burukeun sakitu gedéna téh paménta ti sakolana! Bisi budak kuring ngabogaan pamolah mitenah ka pihak sakola! Henteu arek ngaheureutan sakabéh kaharayangna budak ogé atawa kahayangna pamajikan anu jadi indungna ari aya mah jangeun naon. Da harita waktu saencanna nikah ogé geus boga pamaksudan hayang ngabagjakeun, nyugemakeun anak pamajikan!”
“Enya, bener! Ngan minuhan cita-citana kudu dibarengan ku sabar tahan gogoda, ulah endag kaanginan kitu waé! Kitu ilaharna Déd, saurang salaki anu bener mah dina nyumponan pangabutuh anu jadi anak jeung pamajikanna! Dina buku nikah ogé pan aya tujuan jeung kasanggupanana anu jadi salalki! Lah, naon geuning ngaranna? Poho! Tah bener kudu boga kantong dua, kudu boga pikiran rangkepan! Akang ogé, ku Si Cikal, pan nepi ka nandonkeun sawah warisan ti Ema, harita nepi ka kajualna pisan! Ulah sotéh digarunakeun teu puguh, dimaronyah-monyah diparaké jajan saruka-suka, paroya-poya, jeung babaturanana! Paménta ti sakola jangeun kabutuhan kagiatan sakolana mah, atawa jangeun biaya sapopoéna budak lamun kos téa mah kudu buru-buru dicumponan ari eukeur aya duitna mah! Ulah sotéh hal-hal sakola dijaradikeun jajanggel, dijaradikeun akon-akon. Padahal jangeun nyumponan kaharayangna sorangan anu euweuh pakuat-pakaitna kana kagiatan pangajaran sakola! Inget kénéh lain, baheula, uniko? Usaha nipu kolot téa? Pasti ngalaman da!”
“Heu! Enya, inget! Nepi ka waktu harita téh ditarambahan ngaranna ku kuring jeung babaturan sélon kabéh, jadi P. T. UNIKO PRIBADI! Éta waé lamun aya kagiatan ti sakola téh caritana para direksi rarundingan, rarapat, maluter otak, malikiran, kumaha carana ngasupkeun biaya pikeun kahayang sorangan anu teu puguh, ditémpélkeun kana paménta ti sakola, sangkan lancar! Di antarana jangeun nyumponan biaya arulin ka tempat piknik jeung kabogoh séwang-séwangan. Waktu kuring bobogohan jeung emana budak, kuring SMA kelas tilu manéhna kelas dua, pan biaya ngajajanan jalan-jalan jeung manéhna téh ti P. T. UNIKO PRIBADI pisan! Heu! Alhamdulillah, sanajan kuring ditaréwak ku nu ngaronda langsung ditarikahkeun, teu burung panjang jodo nepi ka ayeuna nepi ka reuayna anak pisan!”
“Hé hé, heu-euh! Ari pék kaalaman pisan susahna héséna ngumpulkeun duit jangeun nyumponan kaharayangna anak ayeuna? Sukur ari bener-bener inget mah, éling ku kahéséanana! Buru-buru tah tobatan kalakuan baheula téh bisi azab ngajadi! Enya deui nya, waktu harita ku jalalégréna der dialajar wirasawasta caritana, ti dituna kreatif eukeur sarakola arusaha sorangan ngadegkeun P. T. UNIKO PRIBADI! Rajeun téh arusaha, eh, kalah ka arusaha naripu kolotna sorangan! Aing, aing! Lalampahan Akang ka tukang ogé, insyaalloh, arék buru-buru ditobatan, ah! Bisi manén azab, Déd, euy!”
Wrote by Miskar Kariti