Supaya Lalab Kulub Daun Gedang Henteu Pait

Ngalalab kulub daun gedang, sabagéan jalmi aralimeun, kumargi ku paitna téa. Teu kituna deuih, sabagéan jalmi ogé aya nu mikaresep rasa paitna. Tina nempokeun ibu-ibu PKK praktek masak, balagudeg jadi meunang élmu.
Sangkan lalab kulub pucuk gedang atanapi kulub daun gedang nu ngorana henteu karaos pait, Ibu Nénah salah saurang anggota PKK nu nuju ngulub daun gedang ngora, nerangkeun ka balagudeg:
  1. Sadiakeun pucuk gedang atanapi daun gedang nu ngorana, upamina bilih badé téa mah ditimbang, seueurna 500 gram. 
  2. Ogé sadiakeun daun jambu kulutuk nu sedeng (teu ngora teu kolot kaayaan daunna), kedah sami ukuranana atanapi beurat timbanganana sareng seueurna daun gedang nu badé dijantenkeun lalab téa. Upami daun gedangna 500 gram, nya daun jambu kulutuk ogé kedah 500 gram.
Babandingan bahan-bahanna kedah 1:1, saur Ibu Nénah. Salajengna, sadayana bahan-bahanna dihijikeun, dikulub. Seueur cai kukulubanana gumantung kana kahipuanana, bilih kirang hipu caina tiasa ditambihan deui, sina ngagolotrok. Saparantosna hipu, jait nganggo sérokan, simpen kana saringan nu di handapeunana aya wadah nu teu bocor, kanggo nampung cai kukuluban nu ngiring kana kukulubanana. Saparantosna, kucuran kukuluban lalab daun gedang nu patengah kénéh sareng daun jambu kulutukna ku cai tiis. Tos karaos tiis, teras pisahkeun daun jambu kulutukna atanapi langsung piceun, nu tinggal kulub daun gedangna. Kucuran cai tiis deui, peureut, angin-anginkeun. Lalab kulub daun gedang siap diidangkeun. 

"Nganging teu langkung ka nu mikaresep atanapi kesedepna, pan aya ogé jalmi nu resep lalab kulub daun gedang atanapi nu atah ku paitna, sami sareng jalmi nu mikaresep sayur paria anu pait", pokna. 

Sanggeus bérés unak-anik kukulubanana, balagudeg nyobaan sacewir, bener baé sakumaha Ibu Nénah, daun gedang téh jadi henteu pait.***

Ngédarkeun:

0 comments