Nuliskeunana Kekecapan Nu Ngandung Engang (É), (E), (Eu), Dina Basa Sunda


Panghadéna nuliskeunana é, e, eu sakumaha nu dimistikeunana, dina kekecapan nu bakal ngajadi kalimah (runtuyan kekecapan nu dituliskeun), dina basa Sunda. Lamun teu ngabiasakeun, wajar nu maracana ngalarapkeunana salah. Rék hartina, rék maksudna. Ilahar, pituin urang Sunda, dina ngarucapkeun kekecapanana bener, tapi dina naruliskeunana kekecapanana nu ngandung engang é, e, eu tadi, salah.

Sangkan dilarapkeunana teu salah ku nu maracana, sarua harti atawa maksudna sakumaha pamaksudan nu nuliskeunana, ti kiwari kudu ngabiasakeun diri nuliskeunana, kekecapanana nu ngandung engang é, e, jeung eu sakumaha nu dimistikeunana. Di handap aya sababaraha hiji conto kekecapanana jeung kalimahna nu ngandung engang é, e, jeung eu.

Conto kekecapan jeung kalimah, nu ngandung engang é:
1. Kekecapan nu ngandung engang é.
Éléh, déét, hésé, réa, sésa, séak, élékésékéng, régél, lélé, léléwa, léléda, léos, sédéng, déngdék, déléng, déwék, daék, dékah, dérék, télékték, célékcék, érékéclék, béré, céré, téko, térmos, téang, bésék, téténong, téké, waé, baé, téga, embé, jeung réa-réa deui.
2. Kalimah nu maké kekecapan nu ngandung engang é.
Pérsib éléh hiji!
Hayam, paéh, kagéléng motor!
Matak capé haté, ih!
Kitu gé lamun daékeun.
Simanahoréng manéhna téh goréng haté, .... Jeung saterusna.

Conto kekecapan jeung kalimah, nu ngandung engang e:
1. Kekecapan nu ngandung engang e.
Centil, dekil, dedet, tetep, tegas, teleg, selek, kesel, remen, wekel, tawekal, semprot, sebrot, nyebrot, setor, sendal, berebet, bet, ciet, ringkes, sesek, nyesek, sebut, seseregel, selenem, nyelenét, peletuk, gegetuk, Kemis, embé, centang, sentak, nyentak, jeung réa-réa deui.
2. Kalimah nu maké kekecapan nu ngandung engang e.
Ganti bajuna budak téh, geus dekil!
Ngabiasakeun leumpang salah sahiji cara ngubaran panyakit nyesek.
Saé Mang, tingali geura, caina mani nyebrot kieu! Jeung saterusna.

Conto kekecapan jeung kalimah, nu ngandung engang eu:
1. Kekecapan nu ngandung engang eu.
Deui, pareum, peureum, peureup, eureun, sireum, peundeuy, leupeut, deukeut, beungeut, seuseut, seueur, peundeut, neundeut, teuteup, ceunah, euceu, undeur, reunceum, reuay, heureuy, reureuh, ceuceub, meureun, heuay, bareuh, jeueung, jeung, reujeungan, kajeun, teuing, teurak, teuas, seuneu, nyeuneu, ceuleukeuteuk, ceuleupeung, beureum, reumbay, beubeur, reuneuh, haneut, jeung réa-réa deui.
2. Kalimah nu maké kekecapan nu ngandung engang eu.
Pantona peundeutkeun bisi reungit arasup!
Sireum eukeur ngagembrong gula.
Eureun, dalahar heula!
Teu boga kaadeuh dudurukan hareupeun batur!
Euleuh-euleuh ..., wayah naon ti ditu?
Adeuh, sreksrekan jeung nyanyautan kieu, tulung pangnyuatkeun cucuk!
Sangeuk reureujeungan jeung manéh mah, licik! Jeung saterusna.

Husus, prakprakanana nuliskeun é dina prohram Microsoft Office Word, dina keyboard pencét konci (Ctrl) jeung konci nu aya tanda (") nu di handapeunana aya tanda (') laju mencét konci E jadina “é” (aksara leutik), kitu ogé lamun konci (Caps Lock) teu hurung atawa henteu bari mencét konci (Shift). Lamun konci (Caps Lock) dina kaayaan hurung, atawa bari mencét konci (Shift) hasil jadina “É” (aksara gedé atawa aksara balok).

Kekecapanana nu ngandung engang é, e, jeung eu dina basa Sunda réa pisan, cohagna ngaleutak, pikeun conto séjénna bisa dicokot tina obrolan, campur gaul sapopoéna.

Kacindekanana, jaba ti béda nuliskeunana jeung ngucapkeunana, hartina ogé béda. Salah sahiji conto lumrah nuliskeunana é kana kecap céntang jeung nuliskeunana e kana kecap centang, mun teu sakumaha nu dimistikeunana bisa salah ngalarapkeunana. Céntang hartina keuna pisan ku kécéngan, sedengkeun hartina centang, dibasakeun kana buntut sato anu biasana ngampléh ayeuna lempeng ka tukang, atawa melengkung ka luhur. Nuliskeunana kecap céntang jeung centang, lamun maké engang eu ngajadina ceuntang kalawan sarua hartina ti harti duanana, kacida salahna. Husus rarasaan kuring, asa acan manggihan kecap ceuntang jeung hartina dina basa Sunda jeung basa nu séjén.

Pangutamana, sakumaha pamaksudan, nuliskeunana kekecapanana anu ngandung engang é, e, eu kudu sakumaha nu dimistikeunana. Ulah salah neundeunna, ulah salah nempatkeunana, jeung ulah salah nuliskeunana dina kekecapanana kalimah basa Sunda.

Bahan:
Gapura Basa VII
KBS R.A. Danadibrata

Pataruman, Kemis 02 April 2015/19:27:22
(Miskar Kariti)

Ngédarkeun:

0 comments