Hampuraeun

Ku: Miskar Kariti

Mamang: “Bosen macaan koran on line, wartana ngan pulitik jeung pulitik baé! Masih rada mending ari pulitikna lain ngakalan mindahkeun duit nagara kana sakuna atawa kolompokna mah. Ieu mah, heu-euh, ngan ngararanut baé pulitik anu kararitu lah! Ararinsap sia téh atuh, sakali baé mah! Heug, sok atuh deuih warta dina koran téh ulah ngan anu kararitu baé! Bosen! Sakali waktu mah, atuh, ngawartakeun nu ngabarenahan jalan di wewengkon mana baé di sakuliah Indonésia. Atawa husus wewengkon Bendungan Jatigede atawa daérah-daérah anu karareuna ku dampakna. Geura jalan pangalihan lalu-lintas jalan raya Wado-Sumedang, mangsa harita, balalajréd kénéh. Jeung anu disebut Jalan Lingkar jangeun jalan provinsi, ceunah ogé, gaganti jalan raya Wado-Sumedang anu ka keueum téa, atuh majar geus anggeus tanpa ekses jeung saterusna! Geuning? Tepi ka ayeuna teu anggeus-anggeus kontruksina teu patén-patén, kumaha
éta téh? Atuh majar palalinter urang dieu téh?

Alo: “Sabar, Mang! Upami téa mah wartawan aya ketakna ka nu perkawis éta, da, baroseneun sareng arisineun hantem ba
é ngawartakeun pangwangunan jalan anu ambrol terus mah! Pangémutna atuh arék hantem baé ngawarta-wartakeun pangwangunan anu henteu anggeus-anggeus, jalan upamina!"

Mamang: “Ah, keuheul atuda ti baheula! Malikir atuh! Buru-buru atuh ti ayeuna kénéh! Mun enya t
éa mah arék ngawangun daérah kunjungan wisata, husus pikeun Bendungan Jatigedé sakabéh aksés bébérés jeung naon kuhanteuna! Meungpeung can réa anu dararatang!"

Alo: “Mang, midamel jalan, ngalusan jalan sareng anu san
ésna saleresna tos dikawitan ti kapungkur! Tos, der! Nuju dipaju, nuju dikeureuyeuh! Nanging, sanés ti lembur urang heula! Nya, tiasa baé ti palih kalér, ti caket damna, ti mana heula anu dianggap pararenting, upamina, sareng sajabina! Matak ogé, Mamang kedah ludag, jarambah, tong mung aangkatan téh di lembur waé!”

Mamang: “Ari sia! Mamatahan sia téh ka aing? Sia ogé ukur ceunah, ukur ceuk, ukur cék, ukur b
éja! Da, aing tara neuleu sia iincahan! Ari ukur meureun mah tong dibébéjakeun ka aing lah! Bisi ku aing ditampiling, didagor tah caréham, babatok téh! Aing moal ngareungeu béja anu sacara kitu! Aing moal nganggap kana béja anu kurang puguh, nu ukur ngahasut rahayat sangkan cararicing, dipépéndé ku catur nu euweuh bukur! Aing moal hormat ka jelema-jelema anu sarupa kitu, sanajan maranéhna pamaréntah dititah ngokolakeun rupaning nu aya di nagara ku rahayat ku urang sararéa, ari tanpa bukur mah! Jeung deui, sia ongkoh, tong asa kasindiran ku aing! Hampura ditinggalkeun, aing loba kénéh benahaneun!"

Alo: “..., ~ @ # 100%! Kabedegongan aya waé, diumbar waé, abong ruruntuk jeger! Samarukna kumaha, Mang, Mang, ari jadi pamaréntah! Eh, Nun Gusti hapunten pun paman nu ngumbar waé kabedegongan, gurat batu, ngajanten hampuraeun kanggo abdi-abdi sadaya!”



Minangka disampurnakeun tina status facebook Miskar Kariti

Tags:

Ngédarkeun:

0 comments