Siduru Isuk
Sunatan bari siduru isuk! Siduru isuk, meureun, kaasup babasan atawa papatah kahirupan. Éta kekecapan teh arang nu nyaho hartina, komo kuring anu minangkana jadi kolot ayeuna. Kuring manggihan éta babasan, papatah, atawa kekecapan téh waktu ngawangkong jeung saurang sepuh, pameget. Di lembur Cisoka, Désa Cisurat, Kacamatan Wado, Sumedang.
Ngalarapkeun éta, sepuh ka pungkur jarero kauningaanana. Paingan urang ayeuna bisa kawaris hartana. Jeung jadi réa kanyaho, ku disakolakeun, ku kamampuhanana. Ogé kapetik, saencanna milampah kahirupan sangkan teu kaasup “boros”, anu ka dituna bisa waé gok kana riya. Nya, nyunatan téh atawa nikahkeun téh teu diramé-ramé, teu tatanggapan, teu direncéng-rencéng, jamuan ogé ukur ku nu aya tadina. Teu duduk-dadak sagala diaya-ayakeun sakumaha hajat kolot ayeuna anu kaéraanana gedé. Ari pék anu ditikahkeun téh laki-rabina ukur bubulanan, tibang balap waé jeung babayar ngalunasan hutang waragad péstana.
Siduru isuk pataréma jeung paribasa dina bahasa Indonésia “hémat pangkal kaya”, “sedia payung sebelum hujan”, jeung saterusna ti éta. Atuh bener, lamun urang inget ka poé hareup, ngagunakeun harta banda dina sapopoéna téh kudu hémat. Nya, ari “gawat darurat” mah meureun kana kumaha engké.
Tibatan harta digunakeun ka anu ka dituna bisa gok jeung riya mah, mending siduru isuk waé. Mun enya téa mah réa harta banda, bikeun ka jinisna ku; waragad sakolana, bekel laki-rabina, nambahan modal usahana, jeung nu séjénna anu sagambar jeung éta. 💗
Miskar Kariti

Pataruman, Rebo, 21 Desember 2016
Tags:
Babasan Paribasa
0 comments