Kateuingan


Ku: Miskar Kariti

“Tungtungna téh jadi watir ka duanana. Ka Mang RT, nya ka nu ngatepélna ...”
“Duh!
Manéhna dikumahakeun? Ditandasa? Dikerem? Naha ngatepél nanahaon atuh? Manuk kitu? Manuk anu dilindungi kitu? Nepikeun ka kawas kitu sagala?”
“Heueuh, ngatepél manuk anu osok dipupujuhkeun kahayangna! Anu bener-bener kudu dilindungi ku jelemana ku anu bogana!”
“Ké, uteuk aing
jadi rada paciweuh kieu, yeuh! Nya, manuk nanahaon atuh anu dikatepélna téh, asa kacida-kacida teuing maké nepikeun ka kudu dipanjara jeung kudu ka rumah sakit sagala béjana téh?”
“Yéh! Enya, manuk Mang RT! Nu Mang RT pisan! Mang RT eukeur miceun di walungan. Cingogo dina luhur batu di sisi walungan, éh, ku lengger-lenggerna Kang Dadi, manukna Mang RT ngadon dikatepél! Tapi, da, mun enya
téa mah Kang Dadi niat heureuy, ah, asa henteu kudu kitu-kitu teuing, da! Antukna téh Mang RT nyirekem di rumah sakit, ngubaran manukna, Kang Dadi nyirekem di pangbuian ku paripolahna!”
“Ck ck ck! Tah kitu, heureuy kateuingan, taya tetekon téh! Sambarangan jadina! D
uh, watir ka duanana apanan ari geus kitu mah!"
👎👐

Minangka disampurnakeun tina status facebook Miskar Kariti

Tags:

Ngédarkeun:

0 comments