Ngeunaan Balagudeg
Balagudeg lahir tina kasumangetan Miskar Kariti hayang ngamumulé budaya Sunda. Salah sahijina ku tulas-tulis cacarita ku basana, basa Sunda. Nya, jadi waé blog balagudeg anu wangunna jiga ieu ayeuna!
Danget ayeuna ieu blog basa Sunda balagudeg téh masih diurusanan ku Miskar Kariti, anu béyana nganjuk ngahutang, kalan-kalan paméré. Anu seseringna barang béré pikeun kuota internét, kapiincu Miskar Kariti sorangan nyaéta Sadérék Alimudin, Sadérék Wiliansyah, kalan-kalan Sadérék Agus Sofyan rakana Sadérék Alimudin manjangkeun hirupna kartu kontak sélulér Miskar Kariti kanggo kontak ieu blog. Ogé wargi-wargi lianna nu alimeun disebat jenenganana. Alhamdulillaah.
Alamat jeung kontak blog balagudeg masih tetep ngagunakeun alamat imah, e-mail jeung kontak telepon sélulér Miskar Kariti. Diantawis kaperyogian tiasa ngalangkungan salah sawios di handap ieu:

- Nomor Seluler nu tiasa dihubungan ku SMS sareng Telepon:
082240725336. - Alamat Surat Biasa:
Miskar Kariti
Kampung Pataruman RT 04 RW 02 No. 13, Desa Neglasari, Kecamatan Darmaraja, Kabupaten Sumedang, Jawa Barat – Indonesia
Kode Pos SUMEDANG 45372. - Alamat Surat Elektronik:
karelsmart@gmail.com, miskarsatu@gmail.com. - Alamat Media Sosial Daring (On Line) Aktip:
https://plus.google.com/+MiskarKariti,
http://www.kompasiana.com/miskarkariti,
https://www.facebook.com/miskar.kariti,
http://miskarkariti.blogspot.co.id,
http://jarangking.blogspot.co.id,
http://balagudeg.blogspot.co.id.
Panulis atanapi pangarang samentawis, dugikeun ka anu gaduhna pisan ieu blog basa Sunda balagudeg téh, masih Miskar Kariti sorangan. Ieu alamat sangkutanana/tautanana ngeunaan pribadina Miskar Kariti (Tentang Saya dina bahasa Indonesia): http://miskarkariti.blogspot.co.id/p/blog-page_7.html.
Panuhun. Dunga ti sadayana, supados blog basa Sunda balagudeg ieu tetep nanjeur ngajomantara dugi ka jaga. Midangkeun seratan-seratan anu mangpaat kanggo sadayana, sareng kanggo sim kuring hususna Miskar Kariti (anu ngurusanan samentawis ieu blog basa Sunda balagudeg ayeuna), sareng tim balagudeg anu barakal dongkap engké. Sing diseueurkeun rezeki, diséhatkeun, disumangetkeun kanggo tulas-tulis dina basa Sunda, dina blog basa Sunda balagudeg ieu. Amiin.
Ka sadayana anu teu acan sareng nu atos sodakoh kanggo kalumangsunganana blog basa Sunda balagudeg ieu, sing diseueurkeun rezekina langkung-langkung ti nu atos dipimilik ku araranjeunna. Amiin.
Ieu mung. Bilih aya, hapunten anu saageung-ageungna, mung bilih pisan waé aya pamaksadan Salira haat (teu pisan-pisan aya paniatan jajaluk lajeng blog balagudeg ieu dijantenkeun paneundeut koréd, audzubillaah teu sama sakali gaduh tujuan sapertos kitu), badé nyambung nyarungsum nyumbang kanggo kalumangsunganana blog basa Sunda balagudeg ieu sumangga weselkeun baé ka alamat nu disebat di luhur tadi, kumargi teu acan ngagaduhan nomber rekening bank. Insyaalloh, samentawis bakal dianggo nambihan mésér kuota internét manjangkeun umur balagudeg supados manjang ngajomantara midangkeun seratan-seratanana. Timpah nuhun.
Ka nu badé nyambung nyarungsum seratan, atuh diantos pisan. Sumangga kintunkeun kana e-mail anu mana waé, dina jinis format file panghandapna Microsoft Office Word 2007, da, dina komputer balagudeg atanapi hususna komputer Miskar Kariti dina danget ayeuna, nganggo Windows sareng kanggo tulas-tulisna mung nganggo Microsoft Office edisi/versi éta atanapi taun sakitu, insyaalloh kabuka. Tiasa ogé print out-na diposkeun ka alamat anu disebat di luhur tadi. Hapunten anu saageung-ageungna, ku danget ayeuna balagudeg teu acan tiasa masihan honorarium, atanapi panggentos ngagaleuh keretas, parangko, atanapi béya ngaposkeun naskah sanésna, ukur karana Alloh baé. Sumangga.
Hatur nuhun kana sanés kantenna.