Néwak Hak
Ku: Miskar Kariti
Ngingu Kanari
Bacéo, dihakan ucing
Ngamumulé embé
Bohong jadi bébéné
Neuleu suhunan imah alus batur
Gék di dinya
Moyankeun awak
Susuganan kaleleban bisa cageur
Nu karasa?
Bujur asa dihuru
Awak
Kalah ka asa dirérab
Ditiung tumanya
Pindah ka nu goréng
Suhunan imah sorangan
Naha rasa jadi campuh?
Gap, kana kurupuk
Susuganan bisa ngapung
Néwak heulang
Nu ngalangkangan
Duh
Kalah ka duka
Duka beunang
Duka moal
Pataruman, Kemis 29 Desember 2016
Ngingu Kanari
Bacéo, dihakan ucing
Ngamumulé embé
Bohong jadi bébéné
Neuleu suhunan imah alus batur
Gék di dinya
Moyankeun awak
Susuganan kaleleban bisa cageur
Nu karasa?
Bujur asa dihuru
Awak
Kalah ka asa dirérab
Ditiung tumanya
Pindah ka nu goréng
Suhunan imah sorangan
Naha rasa jadi campuh?
Gap, kana kurupuk
Susuganan bisa ngapung
Néwak heulang
Nu ngalangkangan
Duh
Kalah ka duka
Duka beunang
Duka moal
Pataruman, Kemis 29 Desember 2016
Tabuh 11:37:31 WIB
Tina status facebook Miskar Kariti
Tags:
Puisi
0 comments