Ngabohongan Nu Usul
Ti dituna asa kawajiban. Malem Mingguan téh ngariung garunem catur jeung para abégé awéwé-lalaki anu gareulis anu karasép, nu eukeur saredeng-sedengna neuhneur, belekesenteng, di balé désa.
Saenggeusna acara anggeus Mang Jua jeung Pa Kadus pangaturna, mandeurikeun balik. Dariuk heula dina korsi nu tadi kénéh, bari ngaguar deui nu disawalakeun bieu, ngaropi deui, arudud deui. Ngan, nya, kitu. Umumna uteuk jalu. Gok, kana ngabarayangkeun para abégé awéwé anu gareulis eukeur saredeng-sedengna neuhneur tadi kana bacokak. Atuh sirah Mang Jua beuki katambahan lieurna ku super kandeuw nu hésé digambarkeunana.
“Tapi untung, Pa Kadus, Kang Ujang teu pipilueun usul sagala, yeuh!” Ogé satengah nyilidik pangakuan Pa Kadus.
“Ah, sanajan enya kitu ogé di dinya mah moal kaciri, da, dicalana gombrong ieuh!” Jawab Pa Kadus bari nuduhkeun ku tungtung rindatna.
“Heut! Naon?” Mang Jua ngabojég, ngabrangbrangkeun kandeuwna, "Diam! Ih, bandel, ih!" Ceuk manehna bari ngusapan bukuna, cara eukeur ngogo héwan piaraanana.
Nempo pamolah kawas kitu, Pa Kadus ngabaratak, bari pok nambahan,"Heueuh, ih!"
Minangka disampurnakeun, tina status Facebook Miskar Kariti
Tags:
Huhuy
0 comments