Seuneu Birahi
Duh ...
Birahi ngagedur liwat langkung
Ka nu geulis pupujan
Kudu kasorang
Lir ngahurun balung ku tulang
Dina panggung kuring duaan
Hésé balaka cinta
Duh, duka kumaha
Nun Gusti ...
Lelembutan kuring duaan ditepungkeun
Jasad kuring duaan dianggangkeun
Babarengan ukur impian
Nun Gusti ...
Kunaon kuring teu diciptakeun jadi sato
Ari manggihan waé kapeurih jeung kapeurih mah
Ceungceuman taya jasadna
Duh ...
Dikabaya paul
“Mani hoyong ngolomoh, ih!”
“Wéww!” Ceuk anjeun
Rasa ngajanggélék
Paduduaan nyorang
Éndahna
Seuneu ngagedur
Birahi
Hésé leutikna
Duh, Nun Gusti ...
Birahi ngagedur liwat langkung
Ka nu geulis pupujan
Kudu kasorang
Lir ngahurun balung ku tulang
Dina panggung kuring duaan
Hésé balaka cinta
Duh, duka kumaha
Nun Gusti ...
Lelembutan kuring duaan ditepungkeun
Jasad kuring duaan dianggangkeun
Babarengan ukur impian
Nun Gusti ...
Kunaon kuring teu diciptakeun jadi sato
Ari manggihan waé kapeurih jeung kapeurih mah
Ceungceuman taya jasadna
Duh ...
Dikabaya paul
“Mani hoyong ngolomoh, ih!”
“Wéww!” Ceuk anjeun
Rasa ngajanggélék
Paduduaan nyorang
Éndahna
Seuneu ngagedur
Birahi
Hésé leutikna
Duh, Nun Gusti ...
Miskar Kariti
Pataruman, Kemis 22 Desember 2016
Pataruman, Kemis 22 Desember 2016
💘
Tags:
Puisi
0 comments