Nguseup Lauk Asin
Bah Usro, gilig. Indit mah, nya indit waé nguseup ka talaga Jatigedé, sanajan hujan ngaririncik! Barang hol. Ari sugan téh, tatangga téh, pangna arareuweuh di lembur téh arincah ka mana? Simanahoréng, geuning ngaharunyud di dieu di basisir talaga! Carampegoh, ngaruseup, ti isuk meluk nepi ka ayeuna datang kuring, meureun. Lamun mareunang loba arék ditanyakeun ku naon eupanna bisa beubeunangan siga kitu? Ceuk haté Bah Usro, ngagerendeng.
Ari pék téh. Nu barang jol pisan, diuk dina galengan sawah, kalah ka nanya arék naon ka dieu ngadon arék miceunan waktu? Anu nyanggéyéng waé diukna di pojok rakit lapak panguseupan, uing ogé ukur méakeun roko wungkul, mangkaning meunang nganjuk, can meunang lauk hiji-hiji acan! Anu béh dieueun tangkal buah, eupan mah geus béak sakerepus, Bah! Duméh wadah eupanna ku ketu butut pamanggih ti talaga, dimangpaatkeun jangeun wadah eupan. Anu tiluan handapeun sorondoy rakit, bari nu saurangna némbongkeun termos, pokna, ti tadi ti barang clom nguseup di dieu, udud waé ngepluk, kopi hideung geus béak satérmos, mana lapak bayareun, laukna teu beunang hiji-hiji acan! Ceuk nu béh ditu, duaan, deukeut runggunukna rungkun cucuk, ti isuk jedur nepi ka Abah datang acan meunang!
Waduh, atuh, ari Bah Usro arék kumaha? Nguseup nanahaon atuh ari kaayaanana laukna siga kitu mah. Ceuk Bah Ano téa mah urang Pasirlempah, ahli nguseup, lamun lauk eukeur nararonggéng teu beunang dikakaya! Dieupanan ku naon waé ogé moal nyantok moal ngahakan, moal nyanggut! Sanajan eupan nepikeun ka diasong-asong ka nu sungutna pisan ogé! Pikeun Bah Usro acan ngalaman ari kaayaanana lauk eukeur siga kitu mah, tungtungna, "Ah, na enya, heueuh kitu?”
“Kumaha atuh lalaguan Abah, ari lalakonna siga kitu mah?” Bekasna, kanu araraya di dinya.
“Nya, cobian waé heula, Bah! Da, benten mimilikan jalmi saurang-saurangna téh, sareng bilih kirang yakin ongkoh ari ukur mercaya wartos wungkul mah!” Ceuk nu barang jol.
Gék, Bah Usro ngiluan diuk dina pangdiukan rakit lapak panguseupan Mang Jua. Enyaan waé, ampir nepi kana sajamna. Biasana eupan cacing kalung super kieu téh, bogo téh, clom giriwil! Eupan dina useup Bah Usro euweuh nu noél-noél acan, komo dihakan ku lauk. Heuleut setengah jam ti ngaganti eupan, ku cacing kalung super anyar. Soloyong, kerelep, kukumbul nyoloyong jeung ngalelep alon. Bah Usro gumbira. Jeujeur digenyatkeun, gogolong kenur diputer, giriwil téh meureupan, nu nyanggut kéong emas! Lung, kéong emas dialungkeun, dipiceun ka talaga deui, ka nu lowong useup batur jauh ti tempat clomna useup maranéhna.
Teu aral. Useup dieupanan deui, da érép ku murag ngabuka sanggutan kéong emas bieu, ku cacing kalung super kénéh, da ukur saéta-étana. Rada percaya ogé deuih kana pamanggihna sorangan jeung akur sakumaha omongan batur, lamun disanggut ku kéong, engkéna bakal disanggut ku lauk! Heueuh, meureun engkéna jeung bakal, duka iraha. Tapi panasaran ogé, da heueuh, kungsi ngalaman enyaan bener kitu kajadianana. Ditungguan, geus leuwih satengah jamna, can disanggut deui. Ditambahan kasabaranana saparapat jam, angger kukumbulna jongjon. Euh. Naon bédana jeung ngahaja ngangkleungkeun kukumbul sina ngangkleung, cicing dilalajoanan, dina cai jero baskom?
Nepikeun ka cacing kalung anu disebut super téa, husus pikeun eupan bogo téh koléas jiga lamak bodas. Useup Bah Usro teu disanggut deui, naha ku sajinis kéong anu tadi, atawa ku lauk pisan. Lebeng! Capé! Tungtungna, hol panyangka goréng ka nu geus araya ti tatadi di dinya. Pasti aya salah saurang jelema di antara jelema anu cararampegoh nguseup ieu, di dieu, anu acan wudu mandi wajib urut olahraga jeung pamajikan halalna tadi peuting! Mun enya kitu, kudu pindah ti dieu atuh, bisi mimilikan kabawa hapeuk! Pindah, ah, ka deukeut ruyuk awi paragi nguseupna Cép Ba’i!
Anu di darinya naranya, “Arék ka béh mana, Bah?”
“Ka ditu, ah, deukeut ruyuk awi, paragi Cép Ba’i!” jawab Bah Usro.
Bah Usro katempona téh mani raridu. Nu katuhu nyekel jeujeur nu digulantungan useup eupanan kénéh. Anu kénca mawa wadah eupan bari ramo-ramo lianna nyapit tali pajingjing botol cai inumeun manéhna. Dina tonggongna, ngadaklok tas gandong, mani merekis, teuing naon eusina. Acan dina cangkéngna, bedog gagaplokan! Sarangkana mending ku alus, wangunna nyeplés beungkeutan bongko! Tuluy dina sirahna, dudukuy nyungcung, jigana matak nyapékeun beuheung jeung sirahna, ku balas ngagilir, bisi dudukuy nyungcungna murag tina sirahna, panyicinganana.
“Ah, puguh goréng di béh dinya téh! Saméméh kuring cicing nguseup di dieu, pan ti béh dinya heula! Da, ku ayeuna mah, henteu di ditu, henteu di dieu, eukeur prah sakurilingna, waktuna eukeur kieu kaayaanana! Nya, kieu waé jadina! Laukna eukeur nararonggéng! Atuh arék nguseup lauk nanahaon di béh dinya?” Ti dituna nu kaliwatan, nu diuk dina tunggul tangkal singon, nu umurna pakokolot supa jeung Bah Usro, ngahulag, mangkarunyakeun.
“Nguseup lauk asin!” Jawab Bah Usro kalem.
Sakabéh nu ngadaréngéeun sareuri konéng, diri wet kasindiran. Ngararahuh, cararapé haté. Palalaur, lir nenjo miara peujit hayam diturihan hinis. Kalaletir campuh jeung nu teu pararuguh. Duh, palalaur. Teuing, kalaletir. Pamustungan cicing, ngancik dina panungtungan. Teungteuingeun kulak canggeum! Kabina-bina bagja awak! Milik diri dihianat diri! Atuh? Naha? Geuning? Kieu jadina? ***
Sakabéh nu ngadaréngéeun sareuri konéng, diri wet kasindiran. Ngararahuh, cararapé haté. Palalaur, lir nenjo miara peujit hayam diturihan hinis. Kalaletir campuh jeung nu teu pararuguh. Duh, palalaur. Teuing, kalaletir. Pamustungan cicing, ngancik dina panungtungan. Teungteuingeun kulak canggeum! Kabina-bina bagja awak! Milik diri dihianat diri! Atuh? Naha? Geuning? Kieu jadina? ***
(Miskar Kariti, Salasa 17 Januari 2017/10:24:26 WIB)
Tags:
Carpon
0 comments