Kuriak Teu Kaur Anggeus

Alona nu geus mulan-malén cicing jadi panduduk Jakarta, kaanjangan ku amangna ti Sumedang. Dina sesela uplekna wangkonganana bari ngopdudbar (ngopi jeung udud babarengan), alona nanyakeun kapanasaranana, jawabanana hayang jéntré langsung ti jinisna. Nu jadi sababna kungsi ngareungeu ngan duka ti saha, cenah amangna eukeur kuriak.

Aya wartosna nuju kuriak? Tos réngsé teu acan, Mang?”


“Nu matak éta Lo, geus ampir sabulan suhunan saung Amang téh encan bérés-bérés! Hujan nya hujan ngarilu ngiuhan, panas nya panas ngarilu ngiuhan og
é. Duh katambah-tambah Lo, ku reungit, mangreungit-reungit ngarilu meuting bari ngajarojo bongoh Amang jeung kulawarga!”

“Hor, na saageung kumaha suhunanana, tos badé sasasih teu acan réngsé?”

“Ari Alo! Mun téa mah hartina kuriak téh kudu tina kirata, apanan awak kuru banda béak! Jadi wangunan suhunan saung Amang nu eukeur dioméan téh moal kaur anggeus!”

Alona ngahéhéh, unggut-unggutan.


Ku: Miskar Kariti

Tags:

Ngédarkeun:

0 comments