Kabadi Suung Rampak
“Ental-entil. Ucad-aced. Beleyer ka ditu. Beleyer ka dieu. Sakapeung motor leutik. Sakapeung motor gedé. Sakapeung deui mobil. Diuk nonggéng. Atuh ampir ti satiap lembur nu kaliwatan, suung rampak tingbalier ngarudag-ngudag, ranceb kana knalpotna. Balukarna banna saroéh, garudawang! Antukna dibawa ka rumah sakit, dioperasi dicageurkeun!”
“Carita lieur kitu mah! Mun téa mah éta suung rampak téh sarareukeut naranceb, lain tumiba kana knalpotna, tapi ka nu sakabéh banna! Ogé naha teu pira ban saroéh garudawang dioméanana jig ka rumah sakit sagala, lain ka tukang tambal ban atawa ka béngkél pisan upamana? Jeung deui lamun enya nepi ka garudawang, ka ngalolobakeun pigawéeun teuing maké kudu ditambalan? Mulangkeun kana sakumaha mimiti, meuli, ganti ku nu anyar! Carita anéh!”
“Mamang ogé anéh! Kadé ati-ati leumpang, sing alus tingkah laku! Bisi ayak-ayak béas ngajadi tamiang meulit ka bitis! Nu badag moncor nu lemes nyangsang cilaka ku polah sorangan!”
“Ah, lieur! Suung rampak ranceb kana knalpot, ban dihadéan ka rumah sakit! Hol panyarék, nepi ka ayak-ayak béas ngajadi tamiang meulit ka bitis, nu badag moncor nu lemes nyangsang cilaka ku polah sorangan pisan! Tambah lieur! Carita nanahaon anu kitu? Papalingpang!”
“Heu-euh, lieur! Kagégéloan, kaédanan paripolah!”
“Jigana Mamang ogé kabadi ku suung rampak?!”
(Miskar Kariti)
Tags:
Huhuy
0 comments