Dikerepus CD

“Ari sia karumaha hol aing ujug-ujug tingbarakatak nyaleungseurikeun? Hanteu garélo mah? Naon lucuna aing, maké disaleungseurikeun sagala?”
“Aduh hapunten anu kasuhun Mang! Upami diwartoskeun moal ngambek?”
“Moal! Ari kitu?”
“Naha teu lepat nganggo, anu dina mastaka Mamang téh naon?”
“Kerepus! Ngahaja ubar nyeri hulu, hawa tiis kieu, komo engké di ditu!”
“Sumuhun! Sumangga cuplak heula tingali ku Mamang naon anu dianggo?”
“Anjing! Baruk calana jero pamajikan, paingan asa jadi logor kerepus téh! Haduh hampura euy, aing tadi rada ngatog uyup-ayap poék! Ké, daragoan, rék ngahilikeun!"

Tina satatus facebook Miskar Kariti

Tags:

Ngédarkeun:

0 comments