Ku Miskar Kariti
Jenatna indung kuring dina ngahormat karuhun satiap malem Jumaah téh, cenah kitu jaman harita, ngaidangkeun kadaharan ogé inuman. Dina rupa-rupa inuman nu diidangkeunana, pasti dina salah sahijina aya nu ngaranna balagudeg, ku indung kuring diidangkeunana dina batok gedé atawa emuk.
Kuring inget-inget poho, teuing naon anu sabenerna bahan-bahan pikeun nyieun inuman balagudeg éta. Baheula, ka kuring, indung osok nitah marud kalapa kolot, kudu langsung dijieun santen. Duka tah, tina sahulu kalapa téh duka kabéh, duka ukur sapereluna. Eukeur kuring migawé hal éta, indung kuring nutuan kopi hijian meunang nyangray dina jubleg. Kopi nu meunang nutuan téh teu diayak, osok langsung diwadahan, hasilna ngagunung dina dekok piring paragi dahar. Kalemesanana tutu kopi leuwih badag ti ilaharna kopi badag nu dijual. Duka sabab naon tutu kopi éta henteu diayak, duka lamun indung kuring teu bogaeun kalo, duka enya kitu kuduna, duka lamun cara indung kuring wungkul. Saterusna indung kuring nyiksik badag sababaraha gandu gula beureum (Gula Kawung).
Bisi kurang kacangkem, meureun péréléan bahan-bahanna, kieu:
1. Tutu Kopi Asli (rada badag ti nu ilaharna, meureun ukur cara indung kuring),
2. Santen,
3. Siksik badag gula beureum (Gula Kawung).
Nyieunna:
Santen digodogeun jeung tutu kopi asli rada badag tadi, ogé siksik badag gula beureum. Beh dieu nyaho santen nu digodogeun osok peupeus lamun elat ngaguis atawa ngucek, jadina osok aing-aingan jeung caina. Kucekeun tepi ka santen asak, ngagoplak, tur seungitna sakabéh bahan kaambeu. Yakin asak pisan, jait. Idangkeun balagudeg dina gelas atawa cangkir.
Kuring nguyup madog balagudeg harita, lalagiheun, kaédanan ku rasana jeung seungitna. Rasa kopina, rasa susuna (jigana tina santen), rasa wedangna (tina gula Kawung). Nu matak hémeng pikeun kuring tepi ka ayeuna seungitna téa, seungit séjén ti sapuratina. Duka seungit naon, rumasa harita can bisa ngagambarkeunana ongkoh teu pati merhatikeun jeung ku inget-inget poho téa, meureun.
Kaédanan ku rasana jeung seungitna téa, éta baé encan-encan acan kadaharanana jeung inumanana diikrarkeun, di goah, ceuk indung kuring balagudeg dina batok gedé atawa dina emuk téa téh, geus katampa katarimakeun ku karuhun, cirina nyekongan sorangan. Padahal mah dina satiap ngahormat karuhun satiap malem Jumaah ogé balagudeg haneut téh diuyup, dipadog ku kuring, dieurihkeun sawaréh kana cangkir. Nguyupna dibarengan jeung ngadahar bubuy cau nangka, nyumput, da sieun katangkep baseuh :). Bilih badé nyobian ngadamel balagudeg, geura, lalagiheun!

Tags:
Resép Inuman
0 comments