![]() |
Potato Power (ilustrasi/TechRadar) |
Modernna alat-alat pinter can saimbang jeung kamampuhan katahanan tanaga bateraina. Alatan éta pangusaha gadget paheula-heula nyarieun baterai alat-alatna tahan lila.
Pamanggih anyar ti para panalungtik di Virginia Tech University jigana bisa ngajadi jalan kaluarna. Maranéhna nyiptakeun torobosan ku ngagunakeun bio energi tina bahan alami gula, tibatan bahan kimia Lithium nu ilahar dipanggihan dina baterai gadget.
Baterai sumber energi gula alami ieu pangakuanana para panalungtik ideal pisan digunakeun dina ponsel. Béda jeung bio energi séjén cara Hydrogen jeung Methanol, bahan tina gula bisa disebut leuwih aman sabab miboga sifat non-explosive atawa henteu babari bitu jeung kabakar.
“Asup akal pisan waktu kuring saréréa manén sumber energi alami ku cara nu ramah lingkungan, jangeun digunakeun kana baterai,” ceuk Profesor Y H Percival Yang, juru bicara para panalungtik, sakumaha nu dikutip tina Tech Radar, Kemis (23/1/2014).
Katajina, sumber energi nu miboga sifat alam ieu kapanggih tina sari pati kadaharan sapopoéna, salah sahijina kumeli. Sari pati ieu ceuk Zhang dimekarkeun ti tahapan ka tahapan ngagunakeun enzim cascade.
Ku cara ieu, elektron anu kualitasna signifikan mucunghul ngahasilkeun arus energi. Saencanna, mémang geus aya panalungtikan ngeunaan sumber energi tina gula. Torobosan ayeuna pangakuanana Zhang jeung tim-na bisa nyieun energi nu leuwih signifikan.
“Cara-cara ayeuna bisa nyimpen 10 kali leuwih loba energi dibandingkeun sumber energi maké bahan dasar kimia,” jelas Zhang.
Laporan nu dimuat dina jurnal ilmiah Nature Communications nuliskeun, baterai maké bahan dasar sari pati kumeli bisa digunakeun ngahirupkeun baterai tepi ka tilu taun dina sakali nyetrum.
Sakumaha nu diwartakeun ku detikINET. (mk)
Tags:
Iber
0 comments