Kudu Asup Akal

Ku Miskar Kariti

”Tatarucingan sok, ah, jeung Aki!”
“Hayu, Ki! Sok! Ti Aki heula!”
“Hayam rintit nonggéng ka langit, naon?”
“Taluk ah! Ceuk Aki naon?”
“Ganas! Hiji kosong! Ari aki-aki ragrag surak naon tah?”
“Taluk deui! Ceuk Aki?”
“Barangbang! Dua kosong tah, jadina ...”
Incuna keuheul, jawaban tarucing akina nu henteu-henteu baé, ceuk pamikirna teu arasup akal. Manéhna ngajengkét bari kukulutus, “Atuh ari kitu mah satiap Aki ningali barangbang, pasti disebut ku Aki, aki-aki ragrag surak! Satiap Aki ningali hayam rintit eukeur nonggéng, pasti disebut ku Aki, ganas! Anéh! Kawas jalma kurang baé Aki mah! Enggeusan, ah, teu arasup akal jawabanana!”
Akina ngagerendeng, olohok ngembang bank mun réa nu narabungna, réa saldona, réa batina, karyawan sejahtera, “Ari barudak ayeuna kudu arasup akal baé nanaon téh ....”

Tina status facebook Miskar Kariti

Tags:

Ngédarkeun:

0 comments