.jpg) |
Ilustrasi Lontong (tribunnews)
|
Institut Pertanian Bogor (IPB) nyiptakeun buras steril nu kuat lila salila lima taun. Buras éta ngahaja dijieun pikeun kapereleuan kadaharan pangungsi di tempat kamusibatan.
Prof. Dr. Ir. Sugiyono, guru besar Fakultas Teknologi Pertanian IPB ogé janten panalungtik nu ngamekarkeun buras steril nyaurkeun, kadaharan nu dina basa Sunda disebut buras bisa dijadikeun pilihan pikeun korban kamusibatan alam nu caricing di pangungsian.
“Pamaréntah ngabaku ngédarkeun kadaharan pikeun pangungsi mangrupa béas jeung mi instan. Sedengkeun dua jinis kadaharan éta kudu diolah heula,” saurna, dina siaran pers nu ditarima Wartakotalive.com (Grup Tribunnews.com), Jumaah, (27/2/2015).
Harti kecap buras numutkeun kamus basa Sunda R.A. Danadibrata, ringkesan tina kecap “bungkus uras” nyaéta leupeut laleutik, bungkusna tina daun cau, diasakanana diseupan. Sedengkeun hartina “uras”, gigih anu beyé pisan dihaja dilobaan cai. Jadi harti buras sabenerna, bungkus gigih beyé .... Keun!
Buras steril, saur Sugiyono, bisa dijadikeun kadaharan darurat pikeun korban kamusibatan alam. Kadaharan ciptaanana bisa tahan tepi ka lima taun, lantaran lian ti dibungkus ku daun cau ogé dilapis ku alumunium foil jeung dipres, tepi ka hawa teu asup.
“Bédana teu jauh jeung kadaharan padet kawas biskuit jangeun tantara mangsa tugas di pangperangan,” pokna.
Bangunna buras steril ieu sarua sakumaha buras nu dijual di warung-warung, kitu sotéh lantaran ku diolah rupa kumaha, tepikeun ka bisa tahan lila jeung gampang didahar balaréa.
Buras steril kadaharan lian ti sangu ieu rasana bisa dirupa-rupa, bungkusna bisa dibuka langsung ku leungeun teu maké alat jeung didaharna teu kudu maké parabot paragi dahar. “Kadaharan nu dijieun ieu mun bungkusna henteu ruksak mah bisa tahan 5 taun, jeung mun burasna ruksak bungkusna bakal kaciri melendung atawa burasna beyé,” pokna.
Saur Sugiyono deui, dina sapoéna, jelema kudu meunang asupan energi lobana 2.100 kilo kalori, jeung buras steril hiji ngandung 100 gram kandungan kalorina 178 kilo kalori.
Sakumaha tribunnews.(mk)
Ku Miskar Kariti
“Terus terang Aki ngarasa anéh ka ieu panon pangdeuleu Aki!”
“Anéhna kumaha kitu Ki? Manawi!”
“Heueuh ari neuleu nu gareulis mah jelas, ngan ka nu garoréng patut jeung teu nyararéngkéd bujurna mah ngadadak teu ararawas kieu ieu téh!”
“Euh ..., sapertos kitu mah teu kedah anéh atuh Ki, teu kedah diwaswaskeun! Soca Aki téh saé kénéh, sareng kalebet soca sidikan!”
 |
Potato Power (ilustrasi/TechRadar) |
Modernna alat-alat pinter can saimbang jeung kamampuhan katahanan tanaga bateraina. Alatan éta pangusaha gadget paheula-heula nyarieun baterai alat-alatna tahan lila.
Pamanggih anyar ti para panalungtik di Virginia Tech University jigana bisa ngajadi jalan kaluarna. Maranéhna nyiptakeun torobosan ku ngagunakeun bio energi tina bahan alami gula, tibatan bahan kimia Lithium nu ilahar dipanggihan dina baterai gadget.
Baterai sumber energi gula alami ieu pangakuanana para panalungtik ideal pisan digunakeun dina ponsel. Béda jeung bio energi séjén cara Hydrogen jeung Methanol, bahan tina gula bisa disebut leuwih aman sabab miboga sifat non-explosive atawa henteu babari bitu jeung kabakar.
“Asup akal pisan waktu kuring saréréa manén sumber energi alami ku cara nu ramah lingkungan, jangeun digunakeun kana baterai,” ceuk Profesor Y H Percival Yang, juru bicara para panalungtik, sakumaha nu dikutip tina Tech Radar, Kemis (23/1/2014).
Katajina, sumber energi nu miboga sifat alam ieu kapanggih tina sari pati kadaharan sapopoéna, salah sahijina kumeli. Sari pati ieu ceuk Zhang dimekarkeun ti tahapan ka tahapan ngagunakeun enzim cascade.
Ku cara ieu, elektron anu kualitasna signifikan mucunghul ngahasilkeun arus energi. Saencanna, mémang geus aya panalungtikan ngeunaan sumber energi tina gula. Torobosan ayeuna pangakuanana Zhang jeung tim-na bisa nyieun energi nu leuwih signifikan.
“Cara-cara ayeuna bisa nyimpen 10 kali leuwih loba energi dibandingkeun sumber energi maké bahan dasar kimia,” jelas Zhang.
Laporan nu dimuat dina jurnal ilmiah Nature Communications nuliskeun, baterai maké bahan dasar sari pati kumeli bisa digunakeun ngahirupkeun baterai tepi ka tilu taun dina sakali nyetrum.
Ngaréngkénék ngalér
Jebul ti kidul
Ngarampayak ngétan
Hol ti kulon
Teu timu tungtung
Memener kantéh kusut
Pegat deui, pegat deui
Ditula-tali
Tingpucunghul tumbu
Ménta béja ka kalangkang
Na wanci peuting peteng
Taya raratan
Kalbu kaduhung
Awak hanjakal
Wet kapanggih
Wet kasorang
Sirah jabrig huis
Nepi ka érép gundul
Katawekalan
Éléh ku budak
“Kang! Naha enya nu kumelendang bakal maot?”
“Enya! Kakasépan, kagagahan, karongkahan, kakuasaan, katut harta, moal narulungan mun lain dina hukum-Na!” Jawaban anjeun harita. Ayeuna ambulan balap gancang jeung cimata. Ngabaliur ti RSUD Sumedang ka Pataruman muru garis pamakaman.
Miskar Kariti
Pataruman, 19 Maret 2015
(Dioméan ku Miskar Kariti, poé Jumaah 02 Desember 2016 tabuh 18:13:46)
Ku Miskar Kariti
”Tatarucingan sok, ah, jeung Aki!”
“Hayu, Ki! Sok! Ti Aki heula!”
“Hayam rintit nonggéng ka langit, naon?”
“Taluk ah! Ceuk Aki naon?”
“Ganas! Hiji kosong! Ari aki-aki ragrag surak naon tah?”
“Taluk deui! Ceuk Aki?”
“Barangbang! Dua kosong tah, jadina ...”
Incuna keuheul, jawaban tarucing akina nu henteu-henteu baé, ceuk pamikirna teu arasup akal. Manéhna ngajengkét bari kukulutus, “Atuh ari kitu mah satiap Aki ningali barangbang, pasti disebut ku Aki, aki-aki ragrag surak! Satiap Aki ningali hayam rintit eukeur nonggéng, pasti disebut ku Aki, ganas! Anéh! Kawas jalma kurang baé Aki mah! Enggeusan, ah, teu arasup akal jawabanana!”
Akina ngagerendeng, olohok ngembang bank mun réa nu narabungna, réa saldona, réa batina, karyawan sejahtera, “Ari barudak ayeuna kudu arasup akal baé nanaon téh ....”
Tina status facebook Miskar Kariti