Ucingna Dahar Loték
“Naha mani lami Mang, ngantri?”
“Ih, henteu! Maksud arék ki-ih ngadon kaborosotan miceun, haduh! Sieun pada narungguan, henteu kabéh diguyurna. Cring mayar. Diudag tah ku patugas WC, Bapa punten mayarna kirang! Pan kahampangan wungkul! Jawab patugas, geuning aya anu ngécrét sapertos ...? Waktos Bapa ka lebet ogé utah ucing mah parantos aya, Néng! Naha da éta mah patugas WC miheulaan Mamang leumpang bari semu nyedekeun kana témbok, sih hapuntenna ti Bapa, hapunten pisan abdi Pa, piraku utah ucing seu-eur siki céngékan?”
“Waleran Mamang ka patugas WC?“
“Haduh, Mamang rumasa asup ka WC ujug-ujug kaborosotan baé jeung ngajawab sangeunahna baé bari jeung nyelengkeung pisan deuih, pok téh, ucingna dahar loték! Reup geuneuk ray pias bakating ku éra buru-buru ngusiwelkeun duit kana dampal leungeun patugas WC, 20 rébu, sangkan jempé jeung ihlas meresihan taeun Mamang! Mamang buru-buru ingkah, satengah lumpat, nyampeurkeun Ujang ka dieu, tibatan kawiwiranganana nemen nu teu nyarahoeun jadi nyarahoeun, haduh!”
Diropéa kaping 09 Februari 2019
Tina status Facebook Miskar Kariti

Tags:
Huhuy
0 comments