Paniatan
Kejat-kejot baé hayang buru-buru ngalaksanakeun meuli baju modél
kitu, bajuna kawas daékeun, bajuna kawas léah upama dibeuli ku kuring.
Ngan engké sanggeus réngsé minangka kuriak RUTILAHU kuring.
Patékadan dibébéjakeun ka duduluran deukeut, ogé meredih tanaga
maranéhna nganteur, jajap, jadi saksi ijab kabulna jeung dungana sangkan
baju téh tetep pantes tur awét dipakéna.
Saged. Kakara gé
ngidek bangbarung lamun imah aya bangbarungan téa mah, lumampah
kapeunggas ku béja, samalah éar, yén baju anu dipikabogoh anu arék
dibeuli ku kuring téh geus disanghareupan batur. Ceunah geus paheut
jangji jeung anu boga tokona, dipanjerna dina poé Ahad.
Sadudulur
ngarénghap narik napas panjang. Dina kahanjeluan ngadédéngékeun enyana.
Enyaan. Dina media sosial gé aya tutulisanana. Nyanggakeun sadaya-daya,
karumasaan hirup jeung kahirupan nembrak, sakieu buktina. Cohagna, dina
saujratna hirup kuring sapopoéna boa kebedag boa moal meuli baju
samodél kitu, boga duit sahargaeun bajuna gé ukur meunang unjam-injeum.
Gilig paniatan sotéh ngajujurkeun haté nu geus panceg netepna mikahayang
baju éta.
Ngong Alo nu jeneng jadi Katua RT, “Walaa haula walaa
quwwata illaa billaahil ‘Aliyyil ‘Azhiim ...”, hawar-hawar ku kuring
kareungeuna sabab diri dina leslesan pék éling pék hanteu, arék leungit
jati diri. Lamun téa mah kuring kawas kitu, diri moal nepi-nepi ka
tujuan, tampian tempat mandi, beberesih diri. Piraku nepi ka éléh
jajatén ku reuwas, ku sieun, ku birigidig kagigilaan ku kuuk pédah
unggal poé rerengkudan.
Wallaahu 'alam ....
(Miskar Kariti)
Tags:
Pepeletékan
0 comments