Nu ngaraliwat ngagarunakeun kandaraan pribadi roda opatna ngaraliwatan baliho rubak toko hayam kelas méwah nu tutulisanana ngajeblag Ngical Hayam Goréng, nu dipasang di gigireun toko hayamna nu aya di sisi jalan nu minangka jalan protokolna kota, meureun asa kataripu. Areureun, tarurun, arasup ka toko, teu kungsi lila kalaluar, laléngoh, arasup deui kana kandaraanana, biur nareruskeun perjalananana.
Simanahoréng.
“Abdi nyobi hayam goréngna dadana sapuluh sareng pingpingna sapuluh mungkusna dipisahkeun!”
“Bapa, Ibu, anu diical di toko hayam ieu sanés maksadna hayam asak kénging ngagoréng, nanging hayam hirup anu garoréng, hayam apkiran! Sapertos anu raréngkod ku kagéléng kandaraan, hayam adu anu strés janten lalinghas, tingkulahék, tingkalieung, arungkleuk-ungkleukan ku aréléh tanding, hayam anu ujug-ujug marurudul buluna sareng rupi-rupi hayam nu ku akibat sanésna. Upami diperyogikeun badé ngagaleuh sabaraha hiji hayamna?”
“Wah, teu cios, manawi téh daging hayam asak kénging ngagoréng!”
Miskar Kariti
“Naha Ujang baeud waktos Mamang Guru muji motor Ujang? Ceuk Bapa mah motor Ujang téh awis, saé, ayana éta motor téh ti nuju jumeneng Aki hidep anom kénéh! Pindah ka Bapa, teras ka lanceuk hidep, laju ka hidep pisan! Éta motor kuat! Awét, panjang umurna! Antik! Ari antik téh kuno, kahot, da mémang leres kitu kaayaanana, Ujang teu kedah ambek komo dugi ka ngabaeudan pisan Mamang Guru mah!”
“Mamang Guru téh ngahina ka motor Ujang Pa! Saur Mamang Guru dina neraskeun mujina ari ANTIK téh Angkutan Tai Kotok!”
“Héhé ... sasauranana Mamang Guru téh leres! Waktos Bapa pantaran Ujang, Bapa tos ngabiayaan sorangan ku ngingu hayam. Éta motor téh osok dianggo ngakutan tai kotok!"
(Miskar Kariti)
Kejat-kejot baé hayang buru-buru ngalaksanakeun meuli baju modél
kitu, bajuna kawas daékeun, bajuna kawas léah upama dibeuli ku kuring.
Ngan engké sanggeus réngsé minangka kuriak RUTILAHU kuring.
Patékadan dibébéjakeun ka duduluran deukeut, ogé meredih tanaga
maranéhna nganteur, jajap, jadi saksi ijab kabulna jeung dungana sangkan
baju téh tetep pantes tur awét dipakéna.
Saged. Kakara gé
ngidek bangbarung lamun imah aya bangbarungan téa mah, lumampah
kapeunggas ku béja, samalah éar, yén baju anu dipikabogoh anu arék
dibeuli ku kuring téh geus disanghareupan batur. Ceunah geus paheut
jangji jeung anu boga tokona, dipanjerna dina poé Ahad.
Sadudulur
ngarénghap narik napas panjang. Dina kahanjeluan ngadédéngékeun enyana.
Enyaan. Dina media sosial gé aya tutulisanana. Nyanggakeun sadaya-daya,
karumasaan hirup jeung kahirupan nembrak, sakieu buktina. Cohagna, dina
saujratna hirup kuring sapopoéna boa kebedag boa moal meuli baju
samodél kitu, boga duit sahargaeun bajuna gé ukur meunang unjam-injeum.
Gilig paniatan sotéh ngajujurkeun haté nu geus panceg netepna mikahayang
baju éta.
Ngong Alo nu jeneng jadi Katua RT, “Walaa haula walaa
quwwata illaa billaahil ‘Aliyyil ‘Azhiim ...”, hawar-hawar ku kuring
kareungeuna sabab diri dina leslesan pék éling pék hanteu, arék leungit
jati diri. Lamun téa mah kuring kawas kitu, diri moal nepi-nepi ka
tujuan, tampian tempat mandi, beberesih diri. Piraku nepi ka éléh
jajatén ku reuwas, ku sieun, ku birigidig kagigilaan ku kuuk pédah
unggal poé rerengkudan.
Wallaahu 'alam ....
(Miskar Kariti)
Jumaah. Kang Dadang ngolo anak lalakina sangkan engké, dina waktuna, ngilu jumaahan deui.
“Dédé engké kedah ngiring jumaahan deui sareng Bapa, nya! Supados di ahérat, Dédé sasarengan deui sareng Tétéh, sareng Mamah, sareng Bapa, sabumi deui!”
Ceuk haté Dédé jumaahan nu itu ogé bobo. Apanan uih ogé diakod teu kiat ku hoyong bobo, saur Bapa apanan bilih geubis. Sareng gugah bobo nuju diakod, Dédé hoyong momobilan ogé teu dipangmésérkeun.
“Dédé alim juma’ahan bilih bobo deui! Di ahérat alim sasarengan sareng Bapa, saur Mamah téh Bapa pedit!”
(Miskar Kariti)
“Heu, sararedih lah, teu bararoga duit hiji-hiji acan téh! Listrik can kabayar, iuran nyieun pos ronda kitu kénéh!”
“Taeun téh. Keun baé! Mayar listrik, apanan ngiluan kolektip di RT! Ngawangun pos ronda iraha boa! Biasa baé atuh nyanghareupan hirup siga kitu téh!”
“Enya! Eukeur mah kitu, éta baé tadi leumpang, balik ti Sumedang ka Darmaraja tug nepi ka lembur urang nu cenah kurang leuwih 35 kilometerna téh teu nimu récéhan gepéng-gepéng acan! Hiji baé! Susuganan uurutan ka géléng ban-ban mobil atuh! Da hanteu! Nasib, nasib, eh!”
“Ah, na taeun téh! Geuning kuatan leumpang? Sabaraha jam, tah, ti Sumedang nepi ka lembur urang téh?”
“Ukur satengah jam!”
“Har! Heu-euh enyaan ku leumpang waktu anu sakitu téh? Ah, jigana di dinya mah lain jelema sabrongbrong?”
“Ih, lain! Jeung henteu pisan-pisan kawas kitu!”
“Naha geuning bisa ukur satengah jam anu sakitu jauhna téh? Ku lumpat ogé sigana bakal leuwih ti sauhuh jamna!”
“Pan kuringna tumpak angkot matak bisa satengah jam jeung teu nimu récéhan gepéng-gepéng acan ogé!”
“Jadol! Ari sugan téh lain nipu!”
“Héhé ...! Baralik, ah, ngararondana! Da batur ogé tara ngararonda ieuh!”
“Tong harilap carolok abdi, nya!” paréntah sababaraha urang calon Bupati jeung wakilna, dina karampanyena.
Ari nu kapapancénan nyarolok, dina waktuna, hararipeut. Abah-Abah, pikun, ongko-ongko, teu ka madrasah, tara nakol bedug, nyumponan baé kahayang, bingung. Dasar lalaki! Samarukna sakabéh calon Bupati jeung wakilna téh lain lalaki pisan.
“Palebah mana liangna, Jalu?” tanyana ka patugas nu ngabingbing manéhna.
“Di dieu, dina bujur!” jawab patugas bari nuduhkeun, haseum.
(Tina status facebook Miskar Kariti)