“Ciri-ciri jelema adil bijaksana téh salah sahijina dina curak-carékna teu weléh maké basa silib maksudna supaya teu nyinggung, jeung barangbéré dahareun teu cueut ka nu hideung teu ponténg ka nu konéng. Contona, waktu manéhna eukeur moé paré dina ngagebahkeun indung hayam jeung anakna anu karumupu kénéh, nyorokcok madog poé paréna. Pokna, atuh entong anu eukeur dipoé mah. Lamun manéh hayang baranghakan seubeuh, tuh anu di saung waé. Enggeus garing, enggeus dikarungan ongkoh. Lamun ngahakan anu dipoékeun kénéh mah teu matak jadi daging. Dina nyatuna teu tumaninah, awak panas jeung haté gegebegan!”
“Kumaha, tah, Kang, jadina kajadianana?”
“Sanajan nyungkun upamana, komo pikeun jelema anu eukeur pisan dialajar adil bijaksana mah, gogodana ceunah asa réa pisan. Paré anu saheulaanan ditempatkeun di saung téh, ray poéna deui ieu mah, teu nyésa sakarung-karung acan!”
“Beu! Peutingna atawa sabat barongoh jelema, meureun, diparadog indung hayam bieu jeung para hayam lianna! Beu!”
“Ih, ari manéh! Ti mana lalakonna para hayam bisa maradog paré anu sakitu mangkarung-karungna, lain aya dina carita buku dongéng ogé? Nya diampihkeun ku nu bogana, jelema nu adil bijaksana tadi, ka kudang manéhna! Da paréna enggeus pas garingna, matak ku manéhna dikarungan dirapihkeun ogé!”
”ABC... abc ... ~! @#$%^&0123 ...! (...)+(...)=>@#100%#@~!”
Minangka dioméan tina satatus facebook Miskar Kariti

Wrote by Miskar Kariti