Awak asa ngoléang dina asa ngajengkang. Di jero lalakon. Hirupna katimburuan. Dina pakaitna haté. Ceungceuman reujeung ceungceuman. Duh ....Kanyeri haté anjeun meureun tina kateuengeuhan kuring. Kuring arék bener-bener miharep anjeun jadi batur hirup, laki-rabi sakumaha syariat. Lain ti mangsa harita baé, waktu anjeun balik sakola ngaboncéng babaturan lalaki anjeun, laju kuring nyieun status yén kuring timburu ku polah anjeun. Anjeun narima. Saterusna ngarobah sikep, pro ka kuring. Kuring geus lila miharep anjeun jadi batur hirup, kuring geus lila mikabogoh anjeun.
Ti kajadian harita kuring arék engab-engab baé, bener-bener dogmol datang nyarita ka anjeun dina kieuna, ngan ngaragangan ku can tamat sakola téa, bisi anjeun kaganggu, jeung réa-réa deui. Laju kuring ngirimkeun foto anjeun nu maké kabaya biru nu dijieun wallpaper ku kuring, harita kuring ngagunakeun Windows XP Profesional. Anjeun nyebut ka kuring Abang, pikeun kuring mani asa enya baé geus jadi salaki anjeun.
Sajalan jeung anjeun sakola nepi ka tamatna, kuring tihothat diajar tulas-tulis deui anu ti baheula sering katunda. Kabéhdieunakeun ngaran kuring mimiti nginternasional, alatan pupuisian kuring nu munggaran “Gagak Pembawa Berita” di Kompasiana, minangka réa nu maca. Jeung dina facebook réa wanoja anu harayang wanoh jeung kuring. Ogé di antarana kaasup sering, teuing jiwa wanoja éta eukeur dina kayaan kumaha da cenah ngakuna ti Tanjungpriuk, Jakarta, nelepon kana telepon selulér kuring, hayang ngawangkong “curhat” tabuh sawelas peuting nu lain mangsana aya kapereluan ka jelema anu acan wanoh, acan loma pisan jeung kuring. Kabéhdieunakeun tara dilayanan. Pikiran kuring jadi asa rariweuh teu puguh.
Teu nyangka tina kateuengeuhan kuring wet kieu jadina. Sanggeus anjeun tamat sakola anjeun nyaba tur meunang pagawéan. Anjeun nyieun deui akun facebook, ceuk anjeun akun anyar ieu akun wawakil diri kuring anu engké, anu ayeuna eukeur digunakeun mah arék dibikeun ka adi kuring, akun anu kuring mah nya anu anyar ayeuna! Dina akun anu anyar, anjeun réa ngunggah foto reureujeungan jeung hiji lalaki anu sama sakali lalakina kuring teu wawuh, samalah anjeun geus poho ka aurat sorangan, di calana, baju terusan nengahan pingping sagala, jeung sajabana. Éta mah arék hasil éditan, arék aslina kalakuan anjeun miboga peta kitu terserah anjeun. Sakabéhna polah kitu téh ngabalukarkeun kuring asa diduruk.
Kuring nyabar-nyabar sorangan jeung sadar kana kaayaan jasad atawa harta kuring, da mémang enya kaayaan kuring geus kolot, jadi jelema teu boga. Kuring ngéléhan. Tug ka mangsa anjeun gering, nu fotona diunggah kana facebook. Sabenerna nempo foto anjeun eukeur gering katunggaraan jasad, dina leungeun anjeun ditanceban jarum infus, kuring ceurik hareupeun monitor komputer, bari ngadungakeun sing téréh cageur. Da, ari haté leutik mah sakumaha cita-cita kuring baheula tetep miharep anjeun, hayang nikah jeung anjeun nanjeurkeun syariat ngahiji hirup laki-rabi. Laju jangeun minuhan kasumangetan anjeun cageur dina jero uubar, kuring ngirimkeun deui foto anjeun anu eukeur nahan kanyeri anu dijieun wallpaper deui dina dekstop anyar Windows 10 Pro kuring.
Cenah ceuk anjeun rék mamayu di lembur. Kuring nempo bari jeung teu barang bawa, bari jeung teu barang béré pisan jangeun mamayu anjeun. Lain teu hayang, ngan sieun ku anjeun dipiceun. Jeung lain pédah aya “kacurigaan”, laju kuring nempo akibatna atawa ngayakinkeun tanda-tanda kaayaanana awak anjeun jiga kumaha, duméh dina foto-foto facebook anjeun réa ngunggah polah eukeur bobogohan, eukeur paduduaan jeung lalaki sakumaha umumna polah halal pamajikan jeung salakina. Pikeun awak awéwé, tanda-tanda geus migawé atawa digarap dipigawé dirina ku lalaki, nyata akibatna katempo pisan. Nempo kuring lain ka dinya jigna. Henteu, teu kitu. Teu ka dinya jigna. Hampura kuring.
Anjeun ngagem agama. Anjeun miboga ahlak anu akur jeung syariat. Kuring percaya. Anjeun bakal tetep ngajaga kasucian diri anjeun ti kacampuran lalaki di luar hukum nikah. Anu cenah diri suci téh jangeun salaki anjeun anu puguh kahalalanana sakumaha syariat. Sabanerna, sakabéhna, jangeun anjeun-anjeun kénéh. Bakal karasakeun salila anjeun hirup di dunya, jeung bakal karasakeun ku anjeun engké di ahérat.
Mun téa mah anjeun ngabales kana tina kateuengeuhan kuring téa, pék téh teuing. Da kuring mah, polah kitu téh, tur “hahah-hihih” ka wanoja téh ukur di dumay ku nyangkaruk ku ayana respect dina haté ka babaturan dumay awéwé. Ari anjeun mah saenyana pisan dipilampah dina kieuna. Hampura kuring nulis status wangunna kieu téh lantaran kuring jelema biasa, nu pasti ngecebur migawé kasalahan, aya kangéwa, aya kaambek, lain meureun deui kana pasti uteuk kuring kacampuran ku pitenah mah aya, sering jeung eukeur. Jeung hampura kateuengeuhan kuring ka tukang-tukang. Mun arék, hayu urang bareng atawa babarengan ngoméan tingkah laku tina katimburuan urang duaan. Innaalillaahi wainnaa ilaaihi rojiuun. Susuganan tina masalah urang duaan ieu, ngajadi pieunteungeun jeung kapetik ogé mangpaatna ku dulur-dulur urang anu eukeur milampah anu eukeur ngarandapan kajadian sarupa kieu. 💓
Tina status facebook Miskar Kariti
Wrote by Miskar Kariti