Sampeu bisa dikréasikeun jadi rupa-rupa kadaharan, upamana baé dijieun pizza. Pizza Sampeu ieu bisa pikeun sasarap.
Resép Pizza Sampeu, dua loyangeun.
Bahan Kulit:
800 gram sampeu meunang motongan, diseupan, ditutuan, lemes,
75 gram kéju parud,
1 endog kokonéngna,
1 endog,
30 gram susu bubuk,
¼ séndok téh pedes bubuk,
2 séndok makan mantéga tawar, cairkeun.
Bahan Saus:
150 gram bawang bombay, rajang sing lemes,
200 gram tomat, piceun sikina, rajang sing lemes,
100 gram saos tomat,
¼ séndok téh uyah,
séndok téh gula bodas,
½ séndok téh orégano,
75 ml cai hérang biasa,
2 séndok makan minyak goréng jangeun numis.
Eusina:
50 gram supa champignon, seger, siksik lemes, tumis,
10 lambar beef salami, beulah dua,
2 siki sosis brutwurst, siksik bunder, satengah sentian,
150 gram keju mozarella, parud badag.
Cara Nyieun Pizza Sampeu:
- Sakabéh bahan kulit dicampurkeun, tepi ka campur pisan.
- Geus kitu, tata dina dua loyang bunder nu garis tengahnya 20 senti, dialasan ku palastik tahan panas.
- Seupan, maké seuneu nu hurungna sedeng, 20 menit, atawa tepi ka asak.
- Jait. Pindahkeun kulit pizza nu bieu geus asak kana dua loyang anu geus leuwih tiheula diolésan (ipis) ku margarin.
- Saos: Tumis bawang bombay tepi ka seungit, asupkeun tomat. Tambahkeun kana tumisan saos tomat, uyah, gula bodas, cai. Aduk-aduk tepi ka kentel. Rék dijait pisan awuran orégano.
- Ratakeun saos kana luhureunana kulit pizza, awurkeun kéju mozarella-na jeung tata nu sawaréhna eusina di luhureun saosna.
- Asupkeun kana oven nu panas 1900 Celcius salila 10 menit, atawa tepi ka kéju mozarella cair ngaley asak semu cokelat siga beuleum opak arék tutung. Jait. Awuran orégano.***
Tina:
Pangalaman sorangan, sajiansedap.com
Wrote by Miskar Kariti