![]() |
Kutu Buuk |
Ayana mahluk nu caricing harirup tinggarayam dina buuk jeung sirah matak géték, ka dituna ngajadi ateul der baé digaro. Ku sering ngagaro sirah, tumuwuh jeung kaséhatanana kulit sirah tur buuk, bakal kaganggu. Panasaran disisiran sisir kerep, tinggarepluk kutu, kuar jeung lisa endog kutu. Réa cara tradisionil titinggal karuhun cara ngailangkeun kutu jeung kulawadetna nu ampuh daya basmina, bahanna gampang kapanggih. Simanahoréng cara ngailangkeunana parantos heubeul ayana, tur diaranggo karuhun urang ka pungkur.
Cara tradisionil moal ngajadi matak, pikeun kulit sirah jeung moal ngaganggu kana tumuwuh katut kasuburanana buuk. Salah sahijina di handap ieu:
- Ku Bawang Beureum
Kutu, kuar bakal mabok langsung paéh ku bauna bawang beureum ogé lisa moal megar ngajadi kuar, lamun endog hayam mah ngajadi kacingcalang. Carana lemeskeun bawang beureum ku diblénder, kira-kira baé seueurna. Sanggeus bener-bener lemes, balurkeun kana kulit sirah jeung buukna bisi aya lisaan, sing rata, sing imeut. Antep sababaraha menit, lilana tepi ka kutu, kuar katut lisana paraéh. Sanggeus sakulawadetna paraéh, bisa diangir ku shampoo sangkan seungit, bau bawang beureumna leungit. - Ku Minyak Kalapa
Minyak kalapa ogé salah sahiji pangbasmi kutu buuk nu ampuh, nu ngakibatkeeun kutu dehidrasi laju paraéh. Carana, ratakeun ka sakabéh kulit sirah katut buukna. Saenggeusna rata, sirah katut buukna dikeben ku anduk, engkeun sapeuting. Isukna diangir jangeun miceun sakabéhna. - Ku Cuka Putih
Cuka putih ampir sarua téréh maéhanana jeung ku bawang beureum. Kana lisa moal megar. Pédah lilana béda saeutik jeung ku bawang beureum, kurang leuwih 3 jam. Carana cuka putih balurkeun kana kulit sirah jeung buukna sakumaha maké bawang beureum jeung minyak kalapa. Saenggeusna buru-buru diangir. Sangkan kutu katut kulawadetna bener-bener ilang gunakeun cara ieu kurang leuwih 3 kali. - Ku Cai Jeruk Mipis Campur Minyak Kayu Putih
Bau anu dihasilkeun tina campuran duanana mampuh ngabasmi kutu jeung kulawadetna beresih. Cara nyieun ramuanana kudu sabanding, lamun cai peresan jeruk nipis 2 sendok nu dipaké nakerna ogé minyak kayu putihna, aduk-aduk sina campur pisan. Cara makéna ampir sarua ukur katambahan ku bari diurutkeun kana kulit sirah sangkan kombinasi bau kadua bahanna téa nyampu pisan, jeung kaambeu ku kutu jeung kulawadetna beuki mabek. Saenggeusna rata, sirah katut buukna dikeben ku anduk, engkeun salila 3 jam. Buru-buru diangir. Gunakeun cara ieu kurang leuwih 3 kali.
Kitu salah sawiosna élmu karuhun, cara ngabasmi kutu buuk katut kulawadetna, nu balubuara barumén-bumén nyarocoan “taruang leueut” getih urang dina sirah. (mk)
Wrote by Miskar Kariti