Jumaah. Kang Dadang ngolo anak lalakina sangkan engké, dina waktuna, ngilu jumaahan deui.
“Dédé engké kedah ngiring jumaahan deui sareng Bapa, nya! Supados di ahérat, Dédé sasarengan deui sareng Tétéh, sareng Mamah, sareng Bapa, sabumi deui!”
Ceuk haté Dédé jumaahan nu itu ogé bobo. Apanan uih ogé diakod teu kiat ku hoyong bobo, saur Bapa apanan bilih geubis. Sareng gugah bobo nuju diakod, Dédé hoyong momobilan ogé teu dipangmésérkeun.
“Dédé alim juma’ahan bilih bobo deui! Di ahérat alim sasarengan sareng Bapa, saur Mamah téh Bapa pedit!”
(Miskar Kariti)
“Heu, sararedih lah, teu bararoga duit hiji-hiji acan téh! Listrik can kabayar, iuran nyieun pos ronda kitu kénéh!”
“Taeun téh. Keun baé! Mayar listrik, apanan ngiluan kolektip di RT! Ngawangun pos ronda iraha boa! Biasa baé atuh nyanghareupan hirup siga kitu téh!”
“Enya! Eukeur mah kitu, éta baé tadi leumpang, balik ti Sumedang ka Darmaraja tug nepi ka lembur urang nu cenah kurang leuwih 35 kilometerna téh teu nimu récéhan gepéng-gepéng acan! Hiji baé! Susuganan uurutan ka géléng ban-ban mobil atuh! Da hanteu! Nasib, nasib, eh!”
“Ah, na taeun téh! Geuning kuatan leumpang? Sabaraha jam, tah, ti Sumedang nepi ka lembur urang téh?”
“Ukur satengah jam!”
“Har! Heu-euh enyaan ku leumpang waktu anu sakitu téh? Ah, jigana di dinya mah lain jelema sabrongbrong?”
“Ih, lain! Jeung henteu pisan-pisan kawas kitu!”
“Naha geuning bisa ukur satengah jam anu sakitu jauhna téh? Ku lumpat ogé sigana bakal leuwih ti sauhuh jamna!”
“Pan kuringna tumpak angkot matak bisa satengah jam jeung teu nimu récéhan gepéng-gepéng acan ogé!”
“Jadol! Ari sugan téh lain nipu!”
“Héhé ...! Baralik, ah, ngararondana! Da batur ogé tara ngararonda ieuh!”
“Tong harilap carolok abdi, nya!” paréntah sababaraha urang calon Bupati jeung wakilna, dina karampanyena.
Ari nu kapapancénan nyarolok, dina waktuna, hararipeut. Abah-Abah, pikun, ongko-ongko, teu ka madrasah, tara nakol bedug, nyumponan baé kahayang, bingung. Dasar lalaki! Samarukna sakabéh calon Bupati jeung wakilna téh lain lalaki pisan.
“Palebah mana liangna, Jalu?” tanyana ka patugas nu ngabingbing manéhna.
“Di dieu, dina bujur!” jawab patugas bari nuduhkeun, haseum.
(Tina status facebook Miskar Kariti)