Unggal kentreung, mangsa kapoékan, jiwa ngagebeg. Sedih bobogohan jeung nalangsa. Ras paripolah, sieun tamiang meulit ka bitis.
“Naon hartina paribasa tamiang meulit ka bitis téh, jeung naha maké jebul paribasa jiga kitu, Mang?” Ceuk Dani ka Mang Uné.
“Teuing, tah! Meureun! Baheula, pangna bijil paribasa siga kitu téh, karuhun urang pepelakan. Salah sahijina, meureun, melak tamiang. Ari tamiang téh, awi leutik anu gedéna kurang leuwih sagedé jempol leungeun, atawa jempol suku. Ipis dagingna, pararanjang ruasanana. Tamiang osok dijarieun suling, bangsing, ulakan, taropong, sumpit paragi nyarumpit manuk atawa héwan séjénna. Taropong téh parabot anu dijerona maké suryakanta paragi ngéker nu jarauh supaya tétéla saperti ningali ti kadeukeutan. Ari ulakan, meureun jaman ninun baheula, gogolong kantéh nu bangunna jiga songsong paragi niup seuneu. Tah, sakabéh awi téh aya kulit luarna, lamun geus papisah jeung dagingna, osok disarebut hinis, ceuk Mamang éta mah! Ari anu ngarana hinis apanan éta téh lamun miceunna sing baé, picilakaeun. Jangji lung, jangji nunda, atawa poho pisan. Kaidek, kacekel nyolédat matak raheut. Meureun, harita, karuhun mangsa arék melak tamiang, nigasanana kurang rapih. Sanggeus tamiang dipelakeun, karuhun urang tisolédat atawa kabadug, kagaris ku suku, ku bitis nepi ka basana meulit kana bitis. Serewik baé meureun hinisna atawa cungcung tapak nigasanana anu teu sina mintul, dirapihan téa, nurih bitisna, raheut wéh, bisa gudawang bisa ukur baé. Apanan raheut ku hinis atawa katojos ku tamiang mah jeung sabangsaning awi lianna, peurihna kabina-bina. Kitu, meureun!” Jawab Mang Uné, bari ngucurkeun cai tina gelas, urut nginumna, ka nu durukan anu arék ngabebela.
“Tapi, bisa ogé kieu, Mang, karuhun urang téh atawa urangna pisan ngala tamiang. Beunang nuar, arék ditatasan, ku balangahna urang, suku urang tikedewet kana tangkalna, atawa congona, antukna suku kajiret, jadi raheut ku hinisna. Meureun ngaranna ogé balangah, ngidek idekeun ngidekeunana henteu pas ka nu iidekanana, jeung deui anu kaidekna henteu pas ka nu kaidekna. Deuih sanajan enya titih, rintih, tigin ogé apanan ari geus kuduna raheut mah, nya raheut baé!” Ceuk Dani nambahan, bari panon tetep manco ka nu haseup durukan, nu lungkay-lingkey muru langit, jiga lukisan.
“Ceuk Ujang, bieu, asa kungsi maca dina kamus?”
“Enya! Ngan, hartina, lebeng!” Jawab Dani.
“Kurang leuwih hartina malindes ka diri sorangan, cilaka ku polah sorangan, sorangan anu nyaritakeun kagoréngan batur, tapi sorangan anu meunang wiwirangna! Yu, ah, nuluykeun ngaronda!”
Unggal kentreung, mangsa kapoékan, jiwa ngagebeg. Sedih bobogohan jeung nalangsa. Ras paripolah, sieun tamiang meulit ka bitis. 😢 💕
Tina satatus Facebook Miskar Kariti