Isuk-isuk. Di warung sayur Mamah Léa, anu baralanja téh ibu-ibu muda wungkul, Tuti, Nia, Ani, Dini, Sari, Ina. Tuti bari balanja sayureun “pencitraan”, pédah bajuna kaambeu hangseur.
“Arék ngahaeub Subuh, awah-awah ngimpi asa tiris pisan, ari pék budak ngompol kana baju ieu, tadi mah ieu téh boyoton!” Pokna.
“Ih, enya atuh, Ceu, kitu pisan! Abdi mah sering ku Tanti!” Dini nambahan, nu kawilang anyar laki-rabi, anak hiji, awéwé.
“Ah, ari Tuti! Diompolan ku budak mah dibébéjakeun, nya! Ari diompolan bapana budak mah teu réa béja, samalah pelér baé peureum beunta bari jeung sisihah sagala cara nu lada apanan!” Nia nyelengkeung.
Ibu-ibu muda genep urang, anu sawaréhna tadina teu lémék teu nyarék ogé jadi tingcikikik, tingarakey. Satuluyna jadi ramé ger-geran saleuseurian, pada narambahan bacokak, nyarambung kana caritaan Nia.
Mamahna Léa, ukur seuri leutik bari ngagoréng bala-bala jeung ngalayanan anu baralanja.

Tina satatus Facebook Miskar Kariti
Wrote by Miskar Kariti