Bari rarat-rérét bisi aya nu nalingakeun, sieun kawiwirangan, kuring ajrag-ajragan, peperengkelan, waduh-waduhan, peurih nya semu panas ampunna leuwih ti ampun.Mun teu salah eukeur ondangan, nikahkeun, nanggap organ tunggal. Ngan, aya-aya baé ieu panyakit bésér, hayang kiih teu bisa diampeuh. Rék numpang di imahna anu boga hajat, éra. Ka nu séjén nya kitu kénéh, jeung teu warawuh. Ongkoh sieun disangka akon-akon. Teu kurang akal. Nyalingker baé di pipir imah nu jauh ti karaméanana hajat, atawa susuganan aya kebon, rék di kebon baé. Tuluy bébéja ka babaturan sarombongan.
Alhamdulillaah. Jadina téh di pipir imah kabaheulaan, handapeun tangkal rambutan nu jangkungna kakara satangtung. Ngisangna? Ah, tayamum baé ku daun rambutan. Engké meresihkeun, nyampurnakeunana mah ku cai, di imah sorangan. Rada buru-buru sieun batur ngadaragoan. Gap kana daun rambutan, sarérétan ogé daun rambutan téh mulus teu rawing ku urut atawa eukeur dihakan hileud. Mimiti nu dipaké nyusut téh nu katempona, nu namprakna, tuluy meresihkeunana ku tonggongna. Na atuh, pas dioléskeun, ari téwéwét téh, peurih karasana, tur asa aya anu nyeleksek kana hulu angen. Wah, leuwih ti disentét ku kamarang. Bari rarat-rérét bisi aya nu nalingakeun, sieun kawiwirangan, kuring ajrag-ajragan, peperengkelan, waduh-waduhan, peurih nya semu panas ampunna leuwih ti ampun.
Sanggeus nyerina jeung peurihna rada ngurangan, kuring panasaran mariksa daun rambutan nu dipaké ngisang bieu. Aya naonan atuh sia téh? Ditelik-telik. Hileud besrat laleutik kénéh pisan mani jiga eukeur rapat, persis dina tengah-tengahna tonggong daun rambutan. Néangan rokrak. Hileud besrat anu laleutik kénéh pisan téh dikurud tina tonggong daun rambutanana, di ka nu taneuhkeun, tuluy dikekesek. “Lunas, siah!”
Leungeun teu cicing nyumputkeun hileud kuring, nu mimiti ngabareuhan.
Ku: Miskar Kariti
Tina satatus Facebook Miskar Kariti
Leungeun teu cicing nyumputkeun hileud kuring, nu mimiti ngabareuhan.
Ku: Miskar Kariti
Tina satatus Facebook Miskar Kariti
Wrote by Miskar Kariti