Ti dituna asa kawajiban. Malem Mingguan téh ngariung garunem catur jeung para abégé awéwé-lalaki anu gareulis anu karasép, nu eukeur saredeng-sedengna neuhneur, belekesenteng, di balé désa.
Saenggeusna acara anggeus Mang Jua jeung Pa Kadus pangaturna, mandeurikeun balik. Dariuk heula dina korsi nu tadi kénéh, bari ngaguar deui nu disawalakeun bieu, ngaropi deui, arudud deui. Ngan, nya, kitu. Umumna uteuk jalu. Gok, kana ngabarayangkeun para abégé awéwé anu gareulis eukeur saredeng-sedengna neuhneur tadi kana bacokak. Atuh sirah Mang Jua beuki katambahan lieurna ku super kandeuw nu hésé digambarkeunana.
“Tapi untung, Pa Kadus, Kang Ujang teu pipilueun usul sagala, yeuh!” Ogé satengah nyilidik pangakuan Pa Kadus.
“Ah, sanajan enya kitu ogé di dinya mah moal kaciri, da, dicalana gombrong ieuh!” Jawab Pa Kadus bari nuduhkeun ku tungtung rindatna.
“Heut! Naon?” Mang Jua ngabojég, ngabrangbrangkeun kandeuwna, "Diam! Ih, bandel, ih!" Ceuk manehna bari ngusapan bukuna, cara eukeur ngogo héwan piaraanana.
Nempo pamolah kawas kitu, Pa Kadus ngabaratak, bari pok nambahan,"Heueuh, ih!"
Minangka disampurnakeun, tina status Facebook Miskar Kariti
Bari rarat-rérét bisi aya nu nalingakeun, sieun kawiwirangan, kuring ajrag-ajragan, peperengkelan, waduh-waduhan, peurih nya semu panas ampunna leuwih ti ampun.
Mun teu salah eukeur ondangan, nikahkeun, nanggap organ tunggal. Ngan, aya-aya baé ieu panyakit bésér, hayang kiih teu bisa diampeuh. Rék numpang di imahna anu boga hajat, éra. Ka nu séjén nya kitu kénéh, jeung teu warawuh. Ongkoh sieun disangka akon-akon. Teu kurang akal. Nyalingker baé di pipir imah nu jauh ti karaméanana hajat, atawa susuganan aya kebon, rék di kebon baé. Tuluy bébéja ka babaturan sarombongan.
Alhamdulillaah. Jadina téh di pipir imah kabaheulaan, handapeun tangkal rambutan nu jangkungna kakara satangtung. Ngisangna? Ah, tayamum baé ku daun rambutan. Engké meresihkeun, nyampurnakeunana mah ku cai, di imah sorangan. Rada buru-buru sieun batur ngadaragoan. Gap kana daun rambutan, sarérétan ogé daun rambutan téh mulus teu rawing ku urut atawa eukeur dihakan hileud. Mimiti nu dipaké nyusut téh nu katempona, nu namprakna, tuluy meresihkeunana ku tonggongna. Na atuh, pas dioléskeun, ari téwéwét téh, peurih karasana, tur asa aya anu nyeleksek kana hulu angen. Wah, leuwih ti disentét ku kamarang. Bari rarat-rérét bisi aya nu nalingakeun, sieun kawiwirangan, kuring ajrag-ajragan, peperengkelan, waduh-waduhan, peurih nya semu panas ampunna leuwih ti ampun.
Sanggeus nyerina jeung peurihna rada ngurangan, kuring panasaran mariksa daun rambutan nu dipaké ngisang bieu. Aya naonan atuh sia téh? Ditelik-telik. Hileud besrat laleutik kénéh pisan mani jiga eukeur rapat, persis dina tengah-tengahna tonggong daun rambutan. Néangan rokrak. Hileud besrat anu laleutik kénéh pisan téh dikurud tina tonggong daun rambutanana, di ka nu taneuhkeun, tuluy dikekesek. “Lunas, siah!”
Leungeun teu cicing nyumputkeun hileud kuring, nu mimiti ngabareuhan.
Ku: Miskar Kariti
Tina satatus Facebook Miskar Kariti
“Wil, aki hayang gantung diri!”
“Piraku, Ki, gantung diri dina cai?”
“Aéh, heueuh. Mending kumaha atuh Wil, Aki téh?”
“Mending arudud baé, Ki, bari lalajo sunset geura!”
“Hayu atuh! Boga kitu, Wili, rokona?”
“Pan, nébéng ti Aki!”
“Kuak, kuak, hé hé hé ...!”
Padahal dina kieuna mah kapiakina nu nébéng kapininina. Duh, hampura, salah nulis!
Tina status Facebook Miskar Kariti
“Ceuk koran, dina Ramadan ayeuna harega jéngkol di Lebak, sakilona geus tepi kana 80 rebu pérak!”
“Waduh .... Komo lamun geus aya di pasar bisa jadi leuwih ti sakitu!”
“Ari manéh, Lebak ngaran kabupatén belegug! Harega jéngkol di pasar tradisional Rangkasbitung ayeuna!”
“Glek!”
Tina status Facebook Miskar Kariti