Duanana, tarukang nguseup, aruplek ngobrol bari nyarieun eupan. Hanjakal. Sanajan Mang Dadang anu pangkolotna, manéhna can jelas-jelas nyaho Bandung.
Mang Dadang: “Jang, bagja pisan, nya, jadi urang Bandung! Hayang nguseup téh tinggal clom! Teu kudu icil modal gedé, tinggal kadaraékna indit ka Leuwi Panjang! Duh, ngareunah nya, nguseup sadaékna, sasukana, arék ti wayah naon waé! Cohagna asal kuat nyindekulanana. Bagja. Nguseup haratis unggal poé! Ari urang, Jang, maké kudu mayar sagala apanan!”
Jang Nanang: “Euh, ari Mamang! Leuwi Panjang téh, lain basa nu osok diarinjeum ku urang ngalandi balong, situ, walungan, pikeun nyarumputkeun kalakuan urang ka pamajikan séwang-séwangan! Padahal ngaruseup di tempat anu geus dijangjikeun, supaya teu dicarékanan engké pédah mayar téa! Tapi Leuwi Panjang téh ngaran tempat, ngaran salah sahiji terminal nu aya di kota Bandung!”
Mang Dadang: “Baruk, ngaran terminal?”
Jang Nanang (seuseurian): “Enya! Kacipta, lamun cararingogo, cararindekul, ngadaredekluk ngaruseup di terminal Leuwi Panjang, caritana. Langsung baé meureunan ditaréwak patugas!"
Mang Dadang (seuseurian): "Heueuh, kabayangkeun! Ah, da jigana, Jang, moal langsung ditéwak, dibui! Paling ogé para patugas téh nareleponan heula rumah sakit sakuliah Bandung, nu husus ngarawat nu garélo jiga urang, caritana! Bisi urang laleupas, kalabur, ngaradon nguseup di terminal Leuwi Panjang!"
Jang Nanang (seuseurian): “Sigana kitu! Bararaid, éh!"
Miskar Kariti
Pataruman, 19/05/2015 20:24:50

Wrote by Miskar Kariti