![]() |
Foto detikNews |
Jakarta – Panglima TNI Jenderal Moeldoko ngarayakeun panén paré nu dipelakna henteu ngagunakeun gemuk kimia sintetis, alias tatanén organik, di Sumatera Barat. Tatanén organik ieu hasil gawé élmuwan jeung TNI nu dialajarkeun ka panduduk satempat.
Panén paré organik ieu téh di Dusun Tong Blau, Kanagarian Kasang, Kacamatan Batang Anai, Padang Pariaman, Sumatera Barat, Rebo (20/5/2015).
"Simanahoréng ayana TNI méré sumanget motivasi sareng dukungan. Babinsa sadayana icikibung," saur Gubernur Sumatera Barat Irwan Prayitno di lokasi sawah organik.
Anjeunna ngajelaskeun, ayeuna tos aya 230 titik tatanén organik anu dipigawé babarengan jeung Komando Resor Militer 032/Wirabraja Padang, total 88 héktar. "All organik," teges Irwan.
Nya ieu pisan Nurzaman nu ngaping prajurit jeung masarakat Tong Blau pikeun tatanén organik. Anjeunna lalaki sipil miboga gelar Doktor anu bisa ngaramu gemuk jeung obat-obatan pepelakan alami. Jadi masarakat teu perlu meuli gemuk kimia. Ku masarakat Tong Blau jeung prajurit TNI, Nurzaman, disarebut ‘Ayah’ (Bapa, ilaharna nyebut Bapa ka kolot sorangan).

“Ogé Komanadan Korem, Brigjen TNI Widagdo Hendro S. tos sapertos menteri pertanian di Sumatra Barat baé," saur Irwan.
Moeldoko reueus lantaran prajurit-prajuritna bisa mangpaat pikeun sabudeureun lingkunganana. Hal kitu kudu ditingkatkeun. Anjeunna ngahempékeun masarakat sabudeur éta ngamangpaatkeun prajurit TNI pikeun kapentingan sosial.
“Pék TNI gunakeun jangeun kapentingan masarakat. Tapi hiji anu teu meunang, ulah digunakeun jangeun kapentingan pulitik. Éta haram hukumna,” saur Moeldoko.
Kepala Penerangan Korem 032/Wirabuwana Mayor Supadi ngajelaskeun binih nu digunakeun dina tatanén organik ieu nya éta binih paré varietas anyar, ngaranna 'Kartika'. Kaistiméwaan ieu paré anakanana leuwih loba, nya éta 20 tepi ka 25 tangkal dina satiap rungkunna. Lamun binih dipelak satangkal, teu cara binih lian. Tangkalna bakal leuwih gedé, siki paréna leuwih loba.

“Jarak panénna leuwih gancang tibatan jinis lian. Paré ieu bisa dipanén dina 95 poé. Paré jinis lian rata-rata dipanénna 120 poé,” pokna.
Lian ti paré, aya ogé hasil budidaya organik lianna nya éta, jagong, kedelé, jeung cabé. Ngan pikeun hasil panén paré ieu nu encan bisa dikonsumsi jeung dijual, sabab kudu ditebarkeun deui jangeun neruskeun budidayana.
"Ieu hasilna, encan dikonsumsi atawa dijual, tapi jangeun ditebarkeun deui jeung ngahasilkeun binih deui," saur anjeunna.
Tina detikNews.

Wrote by Miskar Kariti